Aya aya wae
Breatney Spears kungsi dipoto buligir waktu beuteungna keur bureuyeung bulan alaeun.
Matak ngalakukeun kitu ge meureun meh nyaraho yen nu ditatangkeup ku ceu Breatney teh lain tambur
 
Kikindeuwan bentang sepakbola Brazil Ronaldinho, Alexandra Paressant sok ngambek mun aya nu ngajejeleh huntu kikindeuwanana.
Pilakadar ge huntu nya ceu Alexa, nu penting ulah gara gara huntu keur mengbal sok opset wae
 
Dina hiji wawancara, atlit badminton kasohor Taopik Hidayat kungsi ngabantah "Nu mirip Exel pan lain kuring wae!"
Boa matak mirip ge, keur nyiramna hayang nongton wae thomas cup, leres kitu teh fanny?
 
Miss Universe 2006 asal Indonesia Nadine Chandrawinata anu kungsi kacaletot ngomong waktu diwawancara, geus wani tampil make bikini
Wani soteh diditu nya ceu Nadine, da ari di bunderan HI mah duka teuing
 
Dukungan ka putri Indonesia 2006 Nadine Chandrawinata, diajang bergengsi miss universe 2006 mimiti morosot
Wajar ari ngan ukur marasat morosot dukungan mah nya ceu Nadine, ulah soteh keur make swimsuit morosot, jeung deui pan ayeuna mah geus puguh nu meunang teh neng Zuleyka Rivera Mendoza ti Puertorico
 
Alatan dayeuh Bandung mangkukna diguyur hujan es, sabagian padagang es dikota ieu ngarasa resah, sanajan enya dikirim bahan baku sacara haratis langsung tilangit, tapi lamun remen pisan kajadianana bisa bisa gulung rancatan.
Beu mun kitu mah tukang es teh kudu ngabalad jeung pawang hujan yeuh, ngan kumaha mun dijalan manggih leter "P" dicoret naha nek maksa wae make pawang atawa manggih leter "S" dicoret naha nek maksa wae jualan.
 
Pelantun lagu cindai, Siti Nurhazila dipastikeun bakal dipigarwa ku Datuk Khalik Mohamad dina tanggal 21 Agustus bulan hareup kalayan dina acara resepsina bakal dipasieup ku rancangan Michael Ong jeung Radzuan Radzwill  anu sapotongna bisa ngahontal 150 jutaan. Salian tieta sang datuk geus nyiapkeun hiji penthose jeung bungalow di puser dayeuh Kuala Lumpur minangka tanda kadeudeuhna.
"Macem maneu Siti, kenapeu cinteu abang ditolak, Siti!" kitu meureun ucapan Datuk Maringgih lamun sarua pada miharep manehna.
 
Pentolan grup band Dewa 19 Ahmad Dhani, digosipkeun geus kawin siri jeung personel ratu Mulan Kwok, hal ieu ditegeskeun ku Ahmad Abdul Manaf bapana Ahmad Dhani.
Mun tea mah enya, bener pisan Ahmad Dhani teh keur "sedang ingin bercinta" atuh sabalikna Maia Ahmad yakin yen dideukeut manehna aya "Lalaki buhaya darat!" buseet
 
SR ( sanes skala ritcher)
Ngemutan deui ka baraya sadaya anu teu acan gaduh keom sakedap nyaeta suplemena seuri tea, atuh anu kaleresan tos gaduh ngan masih kirang kanggo mahugi ka limaan deui, mangga teu kedah dipikir dibulak balik, langsung we japri ka simamang anu pangbageurna sadunya MJ tea atanapi ka Kiblat, tiasa langsung ka gramedia bdg oge ka gramedia jkt matraman.
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke