Poe Saptu kamari, kuring ditelepon ku Ua Sas jeung Kang Tatan, cenah diulem sumping di Dago Tea House ku Teh Maria Astuti jeung Kang Denis Rivard. Teh Maria jeung carogena kaleresan nuju aya di Indonesia. Jam satuan kuring ka Dago Tea House, kasampak teh geus araya, Teh Maria, Kang Denis, Ua Sas, MJ, Kang Tatan. Teu kungsi lila kurumuy dongkap Kang Iim jeung Teh Rr. Rohmah. Nya ngobrol kaditu-kadieu, Ua Sas mah mani uplek ngobrol jeung Kang Denis, ngan nganggo Basa Indonesia. Ceuk kang Denis teh upami nganggo Basa Sunda ge tiasa, ngan nyariosna ulah gancang teuing, kedah alon-alon, cenah. Rek ku Basa Pernacis, nu matak teu aya saurang-urang acan anu bisa, iwal ti Kang Denis ....
Keur ngaramekeun obrolan kuring nanya ka Kang Denis, pedah terang kapungkur Quebec hayang leupas ti Canada:" Ari Quebec teu jadi merdeka?" Si Kang Denis nyerengeh seuri, terus nerangkeun kunaon sababna Quebec hayang merdeka. Anjeunna mere conto, di Quebec aya perusahaan pagawena 100 urang, sadayana nganggo Basa Perancis, teu tariasaeun basa Inggris. Nu nganggo Basa Inggris teh ngan saukur bossna wungkul. Tah si pihak perusahaan teh malah ngawajibkeun karyawanana barisa Basa Inggris lain nu saurang (bossna tea) diajar make Basa Perncis. Ngareungeu dongeng kang Denis, kuring jadi ngahuleng, ras inget di Urang, loba kasusna nu sarua. Bossna teu bisa Bahasa Indonesia (komo Basa Sunda mah), karyawanana diwajibkeun make basa Inggris (aya oge nu ngawajibkeun bisa Mandarin atawa Jepang). Lain boss nu diajar basa Indon. Ngan beda jeung di Quebec, anu protes, di urang mah ....ah nurut we, paraciweuh pabisa-bisa diajar Basa Inggris atawa Basa asing nu sejenna. Kaasup kuring, nu ngursus-ngursukeun budak sarina pinter Basa Inggris sanajan biaya kursus meakeun anggaran dapur. Rumasa ........nagara urang mah ngagantung keneh ka Luar Negeri ...... Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/