Magnetic Resonace Imaging (MRI) scanner, bah?
Hehe...Tiasa janten!
Asa emut kapungkur gaduh rerencangan, urang Tasik jagoan ngadamel program aplikasi komputer na teh, kanggo skripsi cenah, nyaeta ngolah data tina Magnetic Resonance Imaging ieu...puguh sok pabaliut sareng Nuclier Magnetic Resonance, NMR.
Wangsul deui kaluhur bah, mung saurna saatos ditalungtik langkung jero, sigana MRI nu miboga ka "akuratan" luhur, pola-pola nu "kaedanan" mibanda pola nu langkung onjoy dina masihan jawaban atanapi reaksi positif kana frekuensi nu merenah (teratur).
Hasil tes jalmi nu kaedanan make frekuensi nu merenah:
1. Frekeunsi sora Ceu Uthe dina "Kaulah Segalanya"......: Ceurik Ngabangingik
2. Frekuensi sora Teh Nining dina "Anjeun"....................: Ceurik Ngagukguk
3. Frekuensi sora Teh Nining dina "Potret Maneh"..........: Sura-seuri
sorangan
4. Frekuensi sora Jugala dina "Serat Salira"..................: Nyempod dijuru tapi bari ngarengkenek!
Heureuy...bah, Punten! Sigana mah dokter, nu kaedanan sareng MRI na produk Bandung, beh dituna Tatar Sunda.
baktos,
brad
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Basa pameran buku Gramedia di sasana graha SIliwangi, kuring meuli
Majalah National Geographic Indonesia. Pedah eta dina coverna aya
tulisan "Jatuh Cinta". Tapi kuring kakara maca saliwat. Ceuk dina
artikel eta, lamun jalma nu keur kaedanan ku lawan jenis, heug otakna
diparika/discan ku Magnetic ( naon geuning alat magnetic nu sok aya di
Rumah sakit), pola dina otakna teh teu beda jeung nu keur gering jiwa.
Teu bisa dibedakeun.
Paingan atuh paingan, ari nu keur kagegeloan sok jiga nu rada (......).
Cik saha yeuh nu keur kagegeloan ku kikindeuwanana?
Baktos,
WALUYA
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/3EuRwD/bOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

