Kuring teu mirengkeun radio delta ping 21 Juli. Kamari
siang panasaran nyetel radio delta, kaleresan
penyiarna teh Neng Shahnaz Haq (alumni Elektro Teknik
UI) sareng kang Gilang Pambudi dina acara..... Eta
logat dua penyiar teh  katingali nyunda pisan. Atuh
banyolanana oge khas Sunda. Naha pedah aya kasadaran
sabada wawancara sareng Ua Sas, atanapi memang logat
sunda teh pas pikeun jadi hiji 'ikon' radio delta,
duka tah teu terang. Tapi, waktos radio Delta
midangkeun acara wawancara sareng Wimar Witular
perkawis buku biografina, katingali pisan Shahnaz Haq
ngangge logat sundana kentel pisan.
Pami aya waktos mah, bandingkeun sareng radio sanes,
aya heunteu penyiarna anu nganggo logat sunda.

baktos,

mrachmatrawyani


--- Nanang Susyandi Narlan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Ass. wr. wb,
> Mugi hapunten ka sadayana rehna sim kuring tos lami
> henteu ngalongok ka
> lembur "urangsunda", eta oge pedah asa diemutan ku
> Teh Shahnaz Haq
> sareng Kang Gilang Pambudi ti Radio Delta dinten
> Jumaah ping 21 Juli
> tina acara Indonesia Siesta ngabedah Komunitas Urang
> Sunda di Internet
> (Kusnet) anu janten narasumberna Ua Sasmita.
> Hanjakal waktu siarna mung sakedap. Sim kuring
> sapamadeg sareng ua
> Sasmita yen basa sunda "menuju jurang kepunahan",
> saha deui anu tiasa
> ngamumule basa sunda iwal ti urang sunda.
> Cag.....!
>  
> Wass
> Nanang Narlan


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke