Duit (modal/Kapital) cenah mah teu boga kawarga-nagaraan, teu kenal jeung tapel wates nagara, atheis, teu boga agama, henteu oge racist (ngabedakeun etnis). Modal ngalir katempat nu kira-kira nu nguntungkeun. Lir ibarat cai, nu ngalirna sok neangan tempat anu handap.
Aya hiji nagara, nagara leutik, urut wilayah Indonesia, aranna Timor Leste. Merdeka, disangkana rek aya nu neundeun modal. Teu dipikir maranehna teh nagara miskin, padumukna kurang ti sajuta jalma. Keur kaum kapitalis, nanaonan neundeun modal didinya, rakyatna oge miskin, saeutik deuih, bisa-bisa modalna anu beak ....... Baktos, WALUYA --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > industri PMA kiwari nu aya di urang, di tukangna aya modal nu teu boga > kawarganagaraan, ideologi oge agama. modal baris datang ka nagara nu aman > bari jeung buruhna murah. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

