Kuring mah rek ngaku we.
kabeuki teh "SEMUR JENGKOL jeung GORENG JENGKOL !!!".

lalaban mah komo deui, kabeh oge beuki, saladah,surawung, antanan, jinten, daun sampeu, pucuk gedang, jeung rea-rea deui.

nu matak nyai, lamun naksir ka akang, kudu bisa nyieun semur jengkol nu ngeunah, anu ladana pas. nya.
sok ka dituh ka dapur, bantuan si ambu, ulah ngageulis wae.
"Beauty is only skin deep"  cenah.

***anger we kuring mah neangan teh anu "beauty" he..he..he..
komo anu "inner"-na "beauty" pisan mah, wah nomer hiji we sugan mah.
Bi uti mah lewat !





On 7/28/06, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ehmmm....., Mh bati waasna wae nya lamun inget mangsa ka tukang....
sarua sim abdi baheula kitu, mumuluk bin sarapan memeh indit sakola cukup ku sangu tutug oncom anu didaharna hereupeun hawu kadang jeung goreng endog meunang nyokot tina sayang ti pipir imah..., atuh pabeubeurang ngawadang cukup ku saaya-aya dalah jeung sambel goang oge nikmat (sambel cengek + uyah + surawung) atawa ditambahan jeung beuleum asin.
tapi barudak ayeuna mah sakitu geus sagala aya oge kadang dahar teh mani hararese....duka pedah jamanna geus beda meureun....hehehe.
lamun mangsa kiwari hayang peuteuy selong geus hese nenganganana oge...(duka di garut mah),
hayu atuh urang biasakeun deui bek to de natural tea alias balik deui ka alam bari rada diropea, geura mo burung nikmat...geuning dikota mah hayang sangu tutug oncom oge mahal....hehehe...

cag...ah, nuhun.

"kkbm'69"



On 7/28/06, mh < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,
Jadi inget ka lembur yeuh. Sarapan sangu sangray kejo
poe, diguley jeung rendo cikur jeung uyah. Disangrayna
make sangrayan taneuh, matak seungit melenghir, nu teu
make minyak kalapa sagala rupa, bebas kolesterol.
Pabeubeurang balik sakola, rek madang beurang. Kalacat
naek tangkal selong, ngala selong ngora keur rujakeun
deungeun kejo. Laukna, ngodok heula endog si borontok
di pipir, endog kampung karek borojol tadi isuk.

Perkara lalab, urang lembur apal pisan, tutuwuhan naon
wae nu bisa di lalab. Cenah mah aya kana ampir 40
rupana tutuwuhan liar nu bisa dikosumsi jadi lalab.
Kompilasi 40 rupa lalab rumbah tutuwuhan liar meunang
di sawah di kebon, diseupan dihijikeun, dicoelkeun
kana sambel medok. Mangga geura cobian.

salam,
mh



--


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke