Geus keun wae atuh leuh teu pira oge "nu kitu", pokona mah urang hirup teh ulah Sirik Pidik Jail Kaniaya ka batur, keun wae Si Dudung meuli hp Nokia 66000 oge atuh da meureun baheulana mah manehna teh berat beunghar ngalayah di buruan.
Sok pikir geura... aya nu beunghar jeugud pisan mobilna 10 siki Meurci kabeh kol gundul weee hiji, manehna Owner pausahaan nu aya di gedung gedung tingkat, kantorna oge aya kana opat na. ngan supirna sok ngomongkeun wae, da pedah eta juragan nana teh sok dahar wae jeung Peuda kadang jeung uyah bawang wae. meuli cai inum oge sok sakeur manehan nana wae. Da ceuk supirna teh si pelit si keked mengkene si buntut kasiran si koret. komo lamun nu beungharna aya di lembur mah,,,, "Si eta mah benghar teh da atuh ngaji ka buta, munjung ka Entog"....tuh kan. kitu wae hela ah, kade ka batur teh ulah waka tutuding komo totodong mah bisik kaduhung eungkena era ongkoh da rek di injeuman hi hi hi hi hi hi hi hi hi. urang ngaji diri bareung wae ayeuna mah, urang teh geus alus patut acan kitu tah. Os On 7/28/06, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Tuh kan kabuktian ! > Akibat GENGSI-an teh. > Nyaho teu boga duit, der si Dudung maksakeun meuli NOKIA 6600, harga anyarna > 2,5 jt leuwih. dibelaan mobok cengcelengan jeung ngajual embe. > > antukna anak pamajikan teu kaparaban. > lantaran butuh jang meuli beas, > atuh kapaksa Nokia 6600 seharga 2,5jt di jual butuh, 1,6jt. > rugi 900 rebu pan. > > Karaos..karaos..karaoosss.. > > Matakna sing ngukur ka kujur, ulah ngagedekeun GENGSI. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

