kang,
ieu mah lain jawaban urang banung.
di lembur kuring, pasisian sumedang. duanana dipake, ngan asana mah aya bedana saeutik. lalab nu leuwih umum, lamun rumbah mah dipake keur lalab nu bisa didahar atah. asana mah. hal ieu duka pedah lembur teh deukeut jeung majalengka. enya desa kuring kaliwatan lamun aya urang banung rek ka bantarrujeg atawa lemahputih. meureun LALAB-RUMBAH mah ukur momones.

caruluk jeung cangkaleng, di lembur kuring mah kabalikanna jeung cianjur. nu dikolek cangkaleng.

dh
can pernah ngeueuman sepre!!

On 7/28/06, Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Bade tumanya kecap LALAB-RUMBAH...!
Lamun di Bandung cukup ku nyebut LALAB, kecap RUMBAH
mah sigana loba nu teu apaleun. Ari dilembur kuring
mah RUMBAH.

Kecap LALAB-RUMBAH mangrupakeun kecap ulang kituww ?
atawa supaya urang Bandung jeung urang lembur
arapaleun ?

Hiji deui..

Dilembur kuring buah kawung disebut CARULUK, di
Bandung CANGKALENG, ceuk urang Cipanas Cianjur lamun
buahna keneh disebut CANGKALENG, anu siap dikolek
CARULUK bener kitu...?

Kang Kumi..
Seprena karek dikeueuman can garing..! Biasa ge di
Batawi tara make spere..! he...he..

Jang Emod

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> menulis:





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke