Haturan Kang Dudi, ka Layungsari mah teu ngendong, surpei wungkul. mung tu'ang to'ong, bilih dina mangsa HBH pageto aya baraya nu bade ngendong didinya. Nyaan, raoseun tempatna mah. Rencana-na HBH bade diayakeun dina kaping 11/12 Nopember 2006. Kaping 11-na upami janten bade ngayakeun pasanggiri pupuh, nembe ping 12-na HBH baraya Kusnet. Didu'akeun sing pareng pendak di Cibatu.
-dul- tukangteuing --- In [email protected], dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Waduh meni uruy euy......, > Kang Ndoel,saptu dugi ka dinten minggu kamari sim kuring oge aya di bumina pun bapa/pun biang di Wanaraja (tempat sim kuring dilahirkeun jeung digedekeun).Bumina payuneun pasar nu nembe kahuruan. > Upami terang mah aya tim survey Kusnet ngendong di Layung Sari Sadang, Insya Allah ku sim kuring bade disampeurkeun. Bari sakantenan hoyong kenalan. > Dupi HBHna bade ping sabaraha di Cibatu teh ( sim kuring mah jadi emut kana dongeng "Jin Islam ti Keresek"). > Mudah-mudahan sim kuring tiasa ngiringan ngariung di HBH > Kaleresan upami teu aya perobihan jadwal mah pas dintenan lebaran, sim kuring aya di Sudan. > > Wassalam > Dudi > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. > > Baraya Kusnet sadaya, > Poe saptu kamari, kuring, Teh Imas, caroge-na jeung kang Toni > Sofyan (gegedug Leboy) nyaba ka Cibatu Garut. Surpei tempat keur > Halal Bihalal Kusnet 2006 tea. > > Ti Jakarta indit teh jam 8.30 isuk-isuk, nyampeur heula ka Kang Toni > di pintu tol Cibitung. Rada maksa oge ngajak Kang Toni teh soalna > mah keur 'Gaed' tunjak-tunjuk jalan. Apaleun da kungsi kaditu > sababaraha > kali cenah. Tadina mah kang Iim ge rek milu cnah, ngan poe eta mah > teu bisa da aya acara. > > Jalan tol cipularang lancar, teu aya halangan nanaon. Geuleuyeungna > mobil teh teu loba teuing oper persneling komo ngajejek rem mah. > Anteng we sajajalan teh. Antukna nyupiran teh jigana mun bari sila > ge bisa. > > Kaluar ti Tol Cileunyi jam 11 leuwih, tuluy mengkol ka katuhu. > Ngahaja make arah ka Tasik meh teu beulat-beulit teuing liwat ka kota > Garutna mah. Mapay-mapay gigireun Rel kareta api, bada lohor teh > geus nepi ka imahna Kang Deni Suwardja. Kasampak komplek Pasantren > Keresek teh lega pisan. Aya balong dua, bari laukna tingkucipak jiga > nu milu ngabageakeun. Aya lauk Nila, Mujaer, lauk emas jeung Gurameh. > > "Assalamu'alaikum...", kuring sabalad-balad uluk salam. > Torojol Kang Deni ti jero imah. Make calana kampret hideung, Kaos > oblong bodas. > "Wa'alaikum salaaaam...", bari nyerengeh Kang Deni ngabageakeun. > tuluy sasalaman, kitu deui jeung Teh Enung istrina nu milu norojol. > Gek dariuk diburuan imahna. Carogena Teh Imas mah langsung ngagoler. > Regot nginum cai meni nikmat. Dodol Garut jeung Dodol kacang nu > dibungkusan ku daun jagong, sajongjongan erep kari bungkusna. > heu...heu... > Kitu deui goreng bala-bala panas ge langsung we erep. Da puguh, indit > ti jakarta teh teu sarapan-sarapan acan. > > Rengse barangdahar, ku Kang Deni diajak lungak-longok ka Pasantren. > Mimiti asup ka Aula tempat para santri diajar ngaji. Pantona aya ti > beulah hareup jeung ti gigir. Ruanganana mah meujeuhna keur ngariung > mah. bisa nampung keur 200~300 urang mah. Da biasa dipake oge mun > keur aya kagiatan pasantren cenah. > > Hareupeun Aula, pakaranganana keur diratakeun. 20 mobileun mah > jigana cukup mun dipake parkir oge. Atawa mun rek nyieun panggung ge > bisa. Kacipta mun ngayakeun panggung tuluy mintonkeun kasenian, > jigana bakal rame. "Nu nongton mah pasti loba", ceuk Kang Deni teh. > > Ti Aula tuluy ngalongok ka kobong Santri. Kobong teh pondok atawa > kamar. Santrina keur ting garojod sarare. Aya nu ngarengkol, aya nu > nangkuban, aya oge nu keur sanggetul. teuing mikiran naon. Ngan teu > aya nu keur ngorong mah. Mun aya mah, rek dibaturan we, meh ngorong > bareng. heu..heu.. > > Ieu Kobong teh mun boboran mah kosong, da barudak nu mondok ge ka > lemburna sewang2an. Jadi mun HBH teh, bisa dipake keur ngagoler- > ngagoler bae mah. > > Tadina mah rek ngalongok oge kobong Santriwati,komo Kang Toni mah, > meni merod. hi..hi.. > "Tong siah...pamali", ceuk Kang Deni teh. > "Ih...ngarana oge surpei atuh, kudu apal ka jero-jerona...", keukeuh. > > Masjid hareupeun Kobong oge lega. Kitu deui gigireun Masjid aya imah > adina Kang Deni. Mun boboran ge da kosong cnah. mahi keur reureuh > mah. Dina perhitungan, soal patempatan keur HBH mah beres, ceuk > kuring na hate. > > Balik deui ka imahna Kang Deni, tuluy sarolat lohor. Geus rengse, ku > Teh Enung tuluy dihaturan ka jero Imah. Dahar... > > Sanguna diwadahan boboko leutik. Lauk Emas baradag digoreng garing. > Lalab, sambel kecap jeung sambel tomat ngora. Tahu jeung tempe. > Oge aya goreng Asin jeung goreng jengkol. > "Sok atuh geura kainyah, tong ditarempokeun wae atuh !", Kang Deni > ngamanggakeun, bari ngasongkeun boboko wadah sangu, tuluy diiderkeun. > sangu teh tuluy ditumpangan ku lauk emas, nepi ka teu kawadahan dina > piring ge. Tuluy dahar balakecrakan. > "Ah, ieu mah maturan we, da tadi tos ti ondangan..", ceuk Kang Deni > mimitina mah. Aya tilu kalina nambah deui teh, bari angger nyarita, > samemeh nyokot sangu teh, "ieu teh tos ti ondangan...". hi..hi.. > Lauk emas teh meni ngerekes, nepi ka buntut2na erep. Komo kang Toni > mah, hulu lauk ge dibongkar, dikenyotan nepi ka imeut. > > Rengse dahar tuluy neruskeun deui ngawangkong. Teh Imas mah jeung > Teh Enung, ngobrolkeun soal menu dahareun keur HBH. > Kuring ngawangkong jeung kang Toni & Kang Deni. Ngobrolkeun soal > rek ngulem kang Ibing, Kang Miing jeung Mr. Robin, tukang sulap bari > ngadongeng sunda tea. Keur ngareuah-reuah we. > > Teu Lila, Buya Hasan, mertuana Kang Deni nyampeurkeun. Buru-buru > kuring hudang tuluy sasalaman. Ahirna mah ngobrolkeun sagala rupa. > Teu poho sasadu-papalaku, menta ijin rek numpang ngayakeun HBH > diPasantren Keresek. > "Nya mangga bae...da sakieu ayana", kitu walonan Buya teh. > > Pasosore, bada Ashar, Salah sahiji santri, urang Batak, nerekel kana > tangkal kalapa, ngala dewegan. Cai kalapana diwadahan baskom plastik. > Kalapana ditarok, dibeulah dua, kalapa-na tuluy dikerok ku sendok, > dikucuran ku cai kalapa tuluy diawuran gula beureum. Digalo- galokeun > dina batokna keneh. Hmmm...nikmat. Aya ku aneh. Padahal bieu tos > dalahar, dewegan teh teu cukup hiji. Can nguyup caina. > Saminggu bae di dieu, bakal tambah bureuteu jigana beuteung teh. > > Teu karasa, geus jam lima sore. Rengse beberes, tuluy pamitan ka > Buya. memeh asup kana mobil, dipoto heula. hareupeun batok kalapa nu > numpuk na meja. gigireun Aula, gigireun dapuran awi. Komo Kang Toni > mah,dipoto bari sosorodotan. > > Kang Deni jeung Teh Enung ge milu asup kana mobil, ngajugjug ka > Penginapan. Lain rek meuting ieu mah, tapi rek surpei deui. Aya > satengah jam-na ka Wanaraja teh, da jalan-na goreng. Keur mah loba > motor ting suliwer, papaureun nu mawa mobil, jadi rada lalaunan > nyetiran mobil teh. Nepi ka Penginapan Layung Sari, di jalan > Wanaraja Sadang, bus we asup. > Barang asup, kasampak restoran terbuka ngajejer gigireun setu > buatan. daharna bari sila atawa emok. Ariuh ku tatangkalan, bari > diunggal juru aya manuk anu dikandangan. Sorana rame. Aya oge > balong keur barudak ngojay, luhureunana aya sosorodotan jeung ayun- > ayunan. Beh ditu katingali aya cottage nu karoseri-na samodel saung, > ngajejer dipipir setu buatan, aya leuwih ti 8 cottage. Mirip-mirip > jeung di kampung sampireun mah. Da aya parahu sagala. Cocogna keur > anu hanimun.hargana rada meujeuhna, 250 rebu sapeuting. Sa-cottage > aya dua bed, tapi teu make ranjang. Mun rame-rame ge bisa keur 4~5 > kulawarga. Ngan watir mun mawa barudak mah. bisi tigujubar. > > Teu poho diparotoan deui. Kuring nyobaan naek kana parahu, tapi > barang rek hanjat teh, rada ngoleang geuning. Mun teu rikat muntang > kana pager jajalanan mah, boa tiguling. hi hi.. > > Ti dinya balik deui ka Cibatu. Nganteurkeun deui Kang Deni jeung Teh > Enung, tuluy pamitan. Ngajugjug deui ka Jakarta. Ti Garut teh kira- > kira jam 8 peuting. Dahar heulaanan dihareupeun pom Bensin, bisi we > laper deui di jalan. Sapanjang jalan mah, angger ngobrol deui we. > padahal mah niat teh rek sare da tunduh. > > Keur kitu hape Teh Imas disada. Sihoreng Uwa Apih Siddik nalipun ti > Korea. teu lila nyarita jeung Teh Imas, hape dibikeun ka kuring. > "Uwa bade nyarios", ceuk Teh Imas teh bari ngasongkeun hape. > "Halooow ?", ceuk kuring ngagorowok. Hape didedetkeun kana ceuli. > "haloooow ", Apih leuwih ngagorowok > "Kunaon nya asa tebih kieu suarana ", ceuk kuring teh > "Duka, jigana mah cuacana ieu teh..", Apih angger jojorowokan. > Sora-na tambah teu jelas. "Naha nya ?", ceuk kuring na hate. > Na atuh ari ditempo teh, sihoreng hape-na ti balik. hi...hi.. > puguh we jojorowokan ge. Euh..punten Uwa Apih. Sanes nyiksa ka > kolot, da eta mah nyaanan teu dihaja. > > Nepi ka Jakarta jam 11-an peuting, samemehna nurunkeun heula Kang > Toni di pintu tol Cibitung. Keun we sina ngagorolong sorangan. > > Tah kitu baraya sadaya, lalampahan ka Garut teh. Nu jelas mah hasilna > teh kieu : > - Tempat keur HBH atawa Pasanggiri mah geus muaannntaf. Cocog lah.. > - Katuangan, diurus ku Teh Enung, istrina Kang Deni. Soal rasa mah > moal cangcaya lah... > - tempat bisi aya nu bade mondok, di pasantren tiasa, dikobong santri > tiasa. > - Bilih bade ka Penginapan, tempatna raoseun. mayar nyalira tapi.. > > Sakitu heula carpon-na, dipungkas ku Wassalamu'alaikum Wr. Wb. > > -dul- > tukang wawar > > Enbe : Poto-na mah engke nya... > > > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

