Jas, pakean resmi, kuring mah saumur-umur kakara make sakali, kitu 
oge kapaksa. Kuring tara make jas, lain kulantaran nganggap jas 
pakean gengsi, tapi da asa teu perlu. Waktu di wisuda, cenah kudu 
make jas jeung toga. Tapi teu boga duit, jeung karunya ka kolot, geus 
lulus, masih menta dipangmeulikeun jas. Kapaksa ngan di toga wungkul, 
kitu oge meunang nyewa, kabeneran sakolaan nyadiakeun sewaan.

Waktu rek kawin, kuring nyieun jas. Lawonna meuli, terus neangan 
tukang ngaput jas anu murah. Meunang ti Ujungberung. Si Kehed teh, 
teu baleg ngaputna, teu ngeunaheun dipakena, abong murah. Rek nyieun 
deui, ngan dua poe deui ka kawin. Untung waktu kawin, didandanan 
pakean adat Sunda, jadi Jas teu baleg teh teu jadi dipake.

Tah, kuring mah make jas teh waktu adi pamajikan kawin. Adi pamajikan 
teh, lalaki meunangkeun urang jakarta. Satadina mah kuring moal make 
jas, rek make batik we, da teu boga. Tapi pamajikan ngarenghik, kudu 
ngahargaan maneh cenah, jeung deuih pan sasatna urang teh kolotna si 
Hendra, saprakna Apa jeung Mamah ngantunkeun. Nya kapaksa kuring 
meuli jas jeung dasi, sanajan hog-hag heula jeung pamajikan oge. 
Heueuh da ku mahal tea.

Indit nganteurkeun panganten teh ti Sukabumi, subuh keneh. Kuring 
geus ginding make jas jeung dasi. Maklum anu tara, awak asa rariged, 
ngan asa genah, asa dijajaket, maklum subuh jeung dina mobil oge make 
AC. Tepi ka imah Panganten awewe , di tapel wates jeung Tangerang, 
jam Dalapan. Nu ngabageakeun geus ngajengjreng, mobil-mobil pada 
ngatur parkirna,  Bray panto mobil dibuka, ari heab teh hawa panas 
mimiti karasa. Geus direncanakeun kuring kudu ngagendeng panganten 
lalaki. Bari jeung panas, kuring ngagendeng panganten lalaki, dterus 
leumpang ka imahna panganten awewe.  

Bus abus ka imah, di jero jelema geus loba pisan. Panganten lalaki 
dicalikan, kitu deui kuring, Naib geus aya. NGan ampun geuning ieu 
teh panas pisan. Kipas angin nu dipasang teu karasa. Kesang mimiti 
kaluar. Kuring pahibut neangan saputangan. Duh eta pamajikan, ku 
pohoan saputangan teh teu diasupkeun kana saku. Kapaksa leungeun 
diangkat, dipake ngagisik kesang dina beungeut. Jeung ieu deuih dasi, 
mani asa tarik pisan nyekek kana beuheung.

Panganten dirapalan, kuring nu nyaksian jadi teu khusu, da ieu kesang 
ngucur wae, baju ditukang geus karasa baseuh. Tungtungna keuheul kanu 
mawa acara, na lila-lila teuing ....

Geus beres sagala tetek bengek upacara, kuring ngaharewos ka 
pamajikans, lain tadi teh dititah mawa batik. Aya cenah dina tas di 
mobil. Kuring seseleket kaluar, terus ngadigdig ka tempat parkir 
mobil, asup ka jero mobil, gancangan jas jeung dasi dilaanan, diganti 
ku baju batik. Waktu kaluar deui tina mobil, plong hate teh ....asa 
teu kasiksa. Waktu sasalaman ka para tamu marengan panganten, kuring 
bisa sura-seuri deui.

Jas eta aya keneh, ngagantung di lomari. Ceuk pamajikan teh, keun we 
teu rugi, apan urang oge boga anak awewe, sugan we aya umur, bisa 
dipake deui engke ari ngawinkeun si Nia atawa si Tina ....... 

Baktos,
WALUYA


   





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke