Sigana tos rada repeh nya? :). Punten ah bade mairan, da bonganna saminggonan kamari abdi teu memantau milist (aya kaperyogian ka smrg). Aya sababaraha point nu ku abdi hoyong didugikeun, wios sakali deui benten oge nya. Silaturahim bari sakedik pajenggut jenggut janggot mah (saur kang dh kitu), moal peureus meureunan :). Komo da sim kuring mah nembe dicukur janggot na kamari :).
0) Aya wartos enggal. Saur anu dina seminar di Semarang kamari (pembicarana peneliti ti geof. ITB, abdi hilap namina), gempa anu waktu periodikna lami, tiasa diprediksi. Conto, gempa saratus taunan di jepang tos tiasa diprediksi kisaran waktosna. Sawawaraha waktos kapayun saurna (duka taun ieu, duka taun payun, duka sawawaraha taun kapayun, mung nu jelas sakedap deui), diprediksi di Jepang bakal kajantenan gempa anu rongkah. Mung, upami gempa anu periodikna pendek, sapertos yogya kamari, atanapi pangandaran, teu acan tiasa diprediksi keneh.
1). Abdi henteu ngadewa-dewakeun EWS. Upami aya cara sanes kanggo menghindari bencana salian ti nganggo EWS, nya mangga wae, abdi sapagodos. Nu ka emut ku abdi, nu penting mah, eta teknologi, tiasa ngaprediksi, upami terjadi gempa dilaut, naha bakal ngabalukarkeun tsunami atanapi henteu. Bade namina EWS, bade namina PDT (Peringatan Dini Tsunami), atanapi naon we lah..., mangga weh nyanggakeun. Naha bet penting? Sakumaha tos dipedar dina imel abdi sateuacanna, wilayah urang teh rawan pisan bencana alam. Usulan anu diserat ku kang Oman, asa kirang manteb keneh, margi sakumaha rapihna, sakumaha weweg na bangunan anu ku urang damel, teu aya jaminan tiasa nyegah tsunami sama sekali. Mung, usulan ti kang Oman teh, kacida leres sareng penting pisan, yen urang teh perlu ngabebenah bangunan di pasisir.
2) Perkawis EWS anu awis pisan, nya eta mah resiko urang, naha atuh urang teh teu tiasa ngadamel teknologi samodel kitu. Mun urang tiasa mah, pan urang teu kedah hese2 ngaluarkeun artos nu sakitu seueurna kanggo meser teknologi nu kitu. Tapi da dalah bade dikumaha, geuning da kieu ayana. Mudah2an, urang kapayunna, tiasa langkung soson2 ngagali elmu, supados aya maslahatna kanggo masyarakat.
3) Leres masyarakat urang teh vandalisme na kuat. Tapi da numutkeun abdi mah, anu kedah dipidamel teh sanes ngabatalkeun meser EWS. Numutkeun sim kuring mah, nu kedah dipidamel teh, cik kumaha carana, supaya masyarakat urang teh tiasa diajar ngahargaan fasilitas2 umum (sanes dihargaan kanggo dipaok teras diical). Lamun emutanna vandalisme teras2an anu ngabalukarkeun teu janten meser (masang) teknologi, atuh panginten urang teh bakalan tinggaleun teras. Kareta super cepat (nu saurna bade didamel 10 taun deui) moal bakalan aya. Jeung sajabana. Janten, cikan..... kumaha carana, supados masyarakat urang, nu saurna masyarakat religius, tiasa diajar ngahargaan fasilitas umum. Abdi mah asa cangcaya mun masyarakat urang teu tiasa diajar nu kitu. Leres panginten butuh waktos kanggo eta, mung pasti tiasa. Saur rerencangan mah kapungkur, saurna urang singapur teh, kanggo ngadidik masyarakatna tina budaya tara antri supados janten antri, butuh waktos 40 taun (hiji generasi). Panginten di urang oge sami, keun sawios, nu penting mah tiasa rubah..... Ieu kantenan ngabutuhkeun hukum anu jelas, tegas sareng adil. Tah, mudah2an dikitukeun mah, boh EWS, boh lampu setopan, boh rel kareta api, tiasa awet.
Mung sakitu wungkul ti abdi mah. Cag ah...
Baktos,
Apri
Von: kang boim <[EMAIL PROTECTED]>
An: [email protected]
Gesendet: Dienstag, den 25. Juli 2006, 08:32:13 Uhr
Betreff: Re: Pentingna Sosialisasi Bencana-->Re: EWS <<<<<< dana BLBI (artos rahayat) anu `amblas`,...Re: [Urang Sunda] TEWS?
Punten bade sakedik ngalereskeun, kanggo nyerat Allah sanes awlo margi
dina eta kalimah teu aya hurup wau janten nu leres nyeratna " Allah"
kunaon hurup 'L" na dua margi aya tanda tasjid. sareng pami urang lepat
nyerat hartosna oge bakal benten...sakali deui punten ieu mung urang
silih emutan....nuhun.
malikan deui kana hal EWS, leres ari darajat manusa mah sadaya sami
dipayunaeun Allah Swt mah sareng urang kedah usaha pikeun nyegah balai
(musibah) tapi lamun usaha urang anu satekah polah geus dilakonan
kalahka diruksak ku oknum anu pentingkeun dirina pribadi kumaha
pipetaan urang salajengna naha anggeur usaha bari jeung teu nyegah
kumaha carana sangkan jelema-jelema anu boga gawe curaling eling yen
eta kalakuan teh salah jeung ngabahayakeun nu lian....?
jadi didieu urang sadaya kudu asak tinimbangan ulag gereges gedebuk
alias getas harupaten lamun rek ngalakukeun hiji pagawean tapi kudu
dipikir heula naha ieu teh bakal aman pikahareupeunana...? ari
manfaatna mah tos pasti aya da ku ayana dipasang eta alat oge manfaatna
pasti gede tapi kumaha lengkah satuluyna satutas eta alat
dipasang...(aman tina lampah jalma curaling)
Cag...ah, nuhun.
"kkbm'69"
-di urang mah rambu-rambu lalilintas di jalan Tol oge
padamaokan...padahal eta rambu-rambu kacida gede manfaatna pikeun nu
make jalan (khususna)

