punten abdimah teu acan wanoh, da sanes urang sukabumi hihihi.. nepangkeun abdimah urang sapan, eta bandung nyingcet tea.. sakola na si SMUN 1 Ciparay janten moal ngiringan kana [EMAIL PROTECTED] 
Aya nu sami teu sakolana sareng abdi?? pasti teu aya nya hehe..
mangga dikantun.. eh hilap abdimah ayeuna nuju ngumbara di batam, jenengan abdi teh nenong..

On 7/29/06, Dedih Durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nepangkeun....
 
Sim abdi Dedih Durahman, linggih ayeuna di Jakarta. Ari lemburna mah di Sukaraja, Sukabumi. Pun rama jenengan na Tateng Tadjwini, pensiunan guru/kapala sakola SD di Sukaraja teras kantos oge janten panilik TK SD di Palabuhan Ratu.
 
Kapungkur abdi sakola di SD Langansari, SMPN Sukaraja sareng SMAN 1 Sukabumi lulus taun 1995. Saterasna abdi kuliah di UI Depok jurusan Teknik Mesin FTUI, alhamdulillah lulus taun 2000. Ayeuna abdi damel janten Inspektur nu ngawakilan Migas/GSDM marios peralatan-peralatan instalasi nu aya dina industri minyak sareng gas bumi.
 
Upami aya nu wanoh ka abdi, mangga diantosan silaturahmina. Terutami kanggo lulusan SMAN 1 Sukabumi, kaleresan abdi oge janten moderator milis [EMAIL PROTECTED] , mangga diantosan gabung.
 
Salam,
DD


Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta.


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke