Abdi imut ari kapungkur tahun 50an pun Nini sering
ngalalab daun Kahitutan sareng rujak Hiris.Ari lalab
eta teh aya keneh henteu ayeuna. Wassalam

--- sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Dihiji restoran sunda,jang itok semu
> ngahegak,beungeutna ngoprot pinuh ku kesang,tayohna
> tas ngagedag sangu timbel pleus sambel tarasi sacoet
> metung. Eureuleu teurab lambat pisan,sorana
> melengkung lir hayam pelung, kontan restoran
> ngariyed kabawa eundeur, lir aya lini 6,5 sr. Keur
> kitu palayan restoran anu bahenol nerkom lir angel
> lelga,nyirintil nyampeurkeun jang itok, belewer
> maledog ku imut, pok ngomong halimpu pisan.
> "Parantos tuangna?"
> "Atos!"
> "Punten sareng naon tadi tuangna?" 
> "Nasi timbel hiji!" 
> "Teras!"
> "Saladah sabebed!"
> "Teras!"
> " Peuteuy tilu papan!"
> "Teras!"
> "Sambel tarasi sacoet!"
> "Teras!"
> "Tos sakitu!"
> "Dua puluh rebueun, mangga teras we ka kasir!"
> "Teu salah ngitung, ieu teh?"
> "Puguh sakitu ge ka etang mirah!"
> "Murah kumaha pilakadar ge dahar jeung rumbah!"
> "Enya ari ngan ukur tuang sareng rumbah mah malihan
> didieu mah diharatiskeun!"
> "Nya naon atuh nu matak mahalna?"
> "Numawi harga coet tos awis ayeuna mah"
> "Har naha diitung jeung coet coetna sagala?"
> "Nya teu katingal kitu? Itu coetna dugika totos!"
> 
> syam ridwan ( kakara ulal elol)
> 
> ----- Original Message ----- 
>   From: Dudi Herlianto 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Friday, July 28, 2006 9:42 AM
>   Subject: [Urang Sunda] LALAB-RUMBAH ceuk Ki SUNDA
> 
> 
>   mh oge baraya sanesna,
>   geuning seueur mang nya lalab-lalaban
> rumah-rumahan bongborosan ceuk ni sunda teh. kumaha
> lamun ditatan ku urang, ari nu ku sim kuring apal
> mah ukur sakieu:
> 
>     1.. antanan, biasana diala tina galengan sawah,
> tangkalna nu ngarambat. cocok pisan dipake coel
> sambel oncom.. 
>     2.. jong he, sambel oncom keneh..
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke