Hoyong nambih nguping dongeng urang Cina Khe asal ti Pontianak dalam teh. Abdi kantos gaduh tatanggi di Bandung, kulawarga Cina pendatang ti Pontianak anu muka usaha ngadamel sapatu, kinten awal tahu 60 an. Ari kuli2na teh sadayana urang Sunda ..seuseueurna urang Cibaduyut...Ungal dinten teh rame wae..bodor Sunda diseling gantawang omelan si Amoy putra Boss anu galak (tapi geulis jeung ramah)..lamun aya anu gawe kendor teh..kurang target sabaraha pasang sapatu sadintenna...si Amoy teh ngomel..basa Sunda..campur..basa Indo..seling bahasa khe anu umumna..nyarekan.."Dasar maneh mah "angong" ! Sabaraha kali dikasi tau oge nggak ikut!", pokna ka si Kacung..Anu dicarekkan nggeus biasa teu nyeri hate teu ngambek..komo da si Amoy geulis...kalahka beuki ditanggap wae...Cicing2 aya babaturanna anu panasaran, naon eta hartina "angong" teh. Terus diem2 nanya ka tukang anteur (satengah Cina Pontianak), ari angong teh naon hartosna, dijawab pondok nyogok "tolol". Meunang jawaban kitu eta sipagawe batur si Kacung teh langsung datang ka si Kacung...bari nyekel beuteung teu kuat nahan seuri; " Wah.. maneh nggeus seubeuh ditotolol ku si Eneng...yeuh... angong teh tolol hartina, masih mending urang ngan sakali dua kali dicarekan, eta oge nyebutna "antokong". Si Kacung cicing teu emosi, keun wae lah dicarekkan ku si geulis mah, tapi lila2 panasaran oge hayang nyaho hartina "antokong" anu dkecapkeun si Amoy kabaturna tea. Pondokna manehna nanyakeun ka Indung si amoy, saenggeus meunang jawaban terus seuri nepi ka cirambay jeung teu kuat nahan seuri nepi ka nyeri beuteung bari nunjuk2 ka babaturannana tea anu ngadukeun"angong" tea. " maneh....maneh...mah..komo...hartina..."tolol pisan ....antokong...ngah....". Tapi ngan kitu wae nepi ka abdi ninggaleun Bandung taun 70 an si Amoy jeung padamelna teh alalakur wae....
--- farida ristiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wilujeng tepang kang..... > Aya kuresep nu gaduh padamelan di lapangan mah, > seueur lalakonna. > Diantos dongengna deui kang.......etang-etang > mepende...hehehe.. > > baktos > -ida- > > > waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Medio Juli 2005, kuring keur ngalangeu di > lobby hiji hotel di Atambua > NTT. Teu kanyahoan datangna, aya nu nanya ti > tukangeun : "Selamat > Sore, Bapak" > > Kuring ngalieuk, .................. > Manehna langsung ngagandong ransel kuring. Kuring > neruskeun leumpang, > manehna ngiclik tukangeun. Bari leumpang kuring > nanya, "Saha aran > teh?" > "Apuy Pa!" > ........................................ > "Ah Jang, mending didieu we, di Jawa mah geus loba > teuing jelema, > diditu oge sarua neangan gawe teh hese!" > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

