Sumanget anu teu pernah (bisa) pareum
Kabeneran, poe senen 30 Juli 2006 rada peuting, kuring alhamdulillah bisa ditepungkeun jeung salah sahiji tokoh KUSNET, Ua Sas. Kuring memang teu ngahaja nepangan anjeuna. Pedah we, aya tugas dines ti tempat buburuh kudu ka Bandung. Nya lumayan, ngamangfaatkeun fasilitas anu aya, bari nepangan eta tokoh.
Ngahaja kuring ti imah sorean, kira-kira jam 2-an. Perkiraan mun di jalan meakeun waktu 4 jam, kuring bisa tepi wanci magrib. Tapi, kanyataana di jalan kuring teu bisa saperti anu direncanakeun. Nyaeta pedah beus anu di"sewa" teh keukeuh rek ngaliwatan puncak. Padahal jal sakitu puncak arah ka luhur ditutup kumargi jalma-jalma benghar anu tos liburan di Puncak, nembe lalungsur. Janten, kuring, jeung ratusan jalma anu rek make eta jalan, nya kudu sabar nungguan. Lumayan: 3 jam!!
Tapi ka Bandung anu direncanakeun wanci magrib, ngaret jadi jam 10. Alhamdullah, Ua Sas tetep sabar ngantosan kadatangan kuring.
Dugi ka Bumi Ua Sas, kuring, sok sanajan rada era, menta sangu da lapar. Maklum, pan ieu beuteung dieusi terakhir basa lohor. Habeuk-habeuk kuring kana sangu. Mani nikmat.
Beres "nyarap", kuring ngawangkong jeung Ua. Sagala kabahas. Anu katinggali ku kuring tina hasil obrolan sareng anjeuna, aya sababaraha hal:
Hiji, seueur cita-cita badag anu kaimpleng Anjeuna teh estu stratehis pisan. Saperti ngalegaan widang koleksi buku-buku sangkan beuki narik "pembaca". Sabab, salila ieu, kusabab fokus pisan kana buku sunda, pembacana estu kurang pisan.
Kadua, Anjeuna teh geus jadi suri tauladan jang Urang Sunda, boh dina sumanget, boh dina aksi. Ua Sas ngarupakeun hiji bukti nyata yen gede leutikna cita-cita mulia gumantung kana sabaraha gede nga-aksikeuna di lapangan.
***
Di luar sakabeh kaistimewaan Ua Sas, kuring manggihan hiji hal anu estu nyongcolang, nyaeta: sumanget. Sumanget kasundaan anu ngagedur bari teu pareum. Conto, anjeuna salaku kolektor buku Sunda kuno sanggup ngorbankeun pangabogana mun memang mendakan aya hiji buku sae anu langka. Salian ti eta, anjeuna ge ngaluangkeun waktu jang "gaul" sareng komunitas buku.
Ceuk bayangan kuring, sok sanajan nga"muara"na di para sepuh (hehe, punten Ua), mun anu siga anjeuna teh seu-eur di alam Sunda, pasti, tesis yen Sunda bakal punah, ilang, jeung sajabana teh, bakal ancur.
Buktina, Sunda tetep aya, sabab kasundaan anu ngajangkar dina pribadi-pribadi anu teu pernah laas ku jaman dina merjuangkeun basa Sunda.
Bogor, 31 Juli 2006
NB: Baraya, kuring rek ka Sulsel heula. dikantun sapuluh poean lah
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi-- __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

