mun arek rapat panitia bejaan uing
ngan ulah ka e-mail
jarang muak e-mail ayeuna mah
maklum geus nganggur tea
tlp kuring 021 93264068
tempat kuring di bayongbong
ari keur pendaftaran pasanggiri mah aya sababara nu bisa di pake
1. di stm yppt garut - kuring bisa asup kadinya
2. di deket jl. a yani garut
3. di jl merdeka
wasalam
nu hayang miluan riweuh..sok ajak atuh lah
hehehehhehe
mengpeng nganggur loba waktu
On 7/19/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Agus anu kaset..eh Kasep..
Jadi kumaha ieu teh maksudna ? daek atawa henteu ?
mun henteu, nya geus we rek dicalana deui.
Ari soal patempatan keur HBH di Cibatu mah, pan disebutkeun
karek ge RENCANA. Dibaca deui sing tenget, tong rurusuhan.
Ari rencana teh can pasti. Di Survey ge acan pan, ke minggu
ieu rek ngajugjug ka Garut. Mun enya rek diayakeun di Cibatu
oge pan aya pertimbanganana.
Basa rapat panitia mimiti, geus ditangtukeun sababaraha pilihan
daerah patempatan. Sihoreng Kang Deni,geus siap mun katempatan.
Tangtuna jeung sagala rupa resiko-na.
Pertimbangan-pertimbangan keur tempat HBH komo deui keur
ngayakeun pasanggiri, diantarana nyaeta tempatna cukup keur
nampung jalma loba, gampang dijugjug, mun nyieun denah lokasi
ge moal matak lieur nu maca. Tuluy aya urang Kusnetna nu
daek angkag-ingkig ngurusanan sagala rupana, tina urusan
persiapan pasanggiri, nyadiakeun tempat keur peureum, kadaharan
jeung sajabana. Tur nu penting mah bisa rada didedetkeun keur
waragadna.
Hayangna mah ngayakeun HBH teh ditempat nu gaya, di Hotel misalna.
meh katempo ku batur teh : "emh...tetela Kusnet teh nyaanan.."
hayangna mah kitu. Tapi pan acan bisa nepi ka kitu.
Apan kabeh ge geus apal, ngayakeun HBH teh nginjeum istilah
MJ mah "cap uyuhan" tea. Ngurusanan nu kieu teh apan perlu
waktu, pikiran jeung tanaga, komo duit mah. Angguran mah barantuan,
da kabeh ge keur kapentingan urang. Teu bisa mantuan tanaga
nya cukup we ku du'a. Da ieu mah lain gawe piuntungeun,
nu daraek soteh ku rasa sosial we jeung "sense of kaKUSnét-anana".
Aya nu milu mangmikirkeun, aya oge nu hare-hare.
Nuhun Kang Agus geus milu mangmikirkeun soal ieu, tapi sagala
rupa ge pan teu bisa diputuskeun ku kuring pribadi, tapi ku
Panitia jeung Bunitia. Nepi ka ayeuna, Panitia utama wungkul
nu geus kabentuk. Seksi-seksi-na mah acan. Aya sababaraha urang
nu geus ngacung, geus siap sadia rek mantuan, nya hatur nuhun pisam.
Nu boga karidoan, rek mantuan mah mangga pisan.
Manawi kitu....
-dul-
Tukang Wawar / Panitia HBH & Pasanggiri Kusnet 2006
--- In [email protected], "Agus K \"PAKUSARAKAN\""
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ari abdi mah sanes teu hoyong
> mung asana kantos nawisan langkung ti janten tempat pendaftaran
> maliha mah kanggo tempat HHB na..
> mung duka kumaha ujugn2 aya pangumuman di cibatu ..
> duka usulan simkuring teu katampi dumeh dilembur singkur
> duka kumaha?
>
>
> On 7/14/06, Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > pasti aya apih.........
> > salah sawiosna kang deni tos kersa.
> > hanjakal abdi teu tiasa mantosan.
> >
> >
> > --- In [email protected], Siddik Wiradireja <cikundul3@>
> > wrote:
> > >
> > > Waalaikum salam wr. wb..
> > > Aya kitu wargi Kusnet anu kersa janten relawan...??
> > > mangga para wargi Kusnet disuhunkeun kasayagianana...
> > > Saha deui atuh anu kersa upami sanes wargi-wargi Kusnet mah.
> > >
> > > ssw
> > >
> > >
> > > ndoell ndoell@
> > > Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> > > Baraya Kusnet Sadayana.....
> > > Kieu.....
> > > pan Kusnet teh bada boboran teh rek ngayakeun Halal Bihalal.
> > > enya lila keneh, kira-kira bulan Nopember, tapi pan kudu
> > disiapkeun
> > > ti anggalna keneh, ngarah teu riweuh teuing dina prungna.
> > > HBH teh ngarupakeun Kopdar sataun sakali keur sakabeh anggota
> > > Kusnet. Nu salse mah wayahna kudu ngaluuhan. Nu teu salse,
> > > nya wayahna kudu maksakeun. nu jelas mah, Haratis...
> > > Salian ti acara HBH teh, oge hayang ngayakeun acara Pasanggiri
> > > (Lomba) ngarang pupuh jeung nembang pupuh sapoe samemeh HBH.
> > > Lomba ngarang ieu mah nya ! sanes lomba ngorong !
> > > Tah, pasanggiri ieu diayakeun keur barudak sakola satingkat SD
> > jeung
> > > SMP nu aya diwewengkon dimana HBH diayakeun. Direncanakeun
> > > HBH taun ieu teh diayakeun di Cibatu Garut. Tapi pamilon /
peserta
> > > ti wewengkon sejen ge bakal ditarima mun rek daptar mah,
> > > asal masih keneh di wilayah Jawa barat.
> > > Ngeunaan pasanggiri ieu, awal bulan Agustus rek dibewarakeun di
> > > media massa sarupaning PR, mangle, cupumanik, galura jeung
> > > sajabana. Tah kukituna, maksudna mah menta tulung ka sadaya
> > > anggota Kusnet atawa barayana anggota Kusnet anu salse di lembur
> > > anu daek katempatan jadi sekretariat, meh peserta teh teu kudu
> > > jauh-jauh teuing daptarna.
> > > Tugasna ngan saukur narima pendaptaran, ngeusian formulir,
> > > narima pupuh hasil karangan peserta, tuluy diinformasikeun ka
> > > sekretariat pusat. Formulirna mah ke dikirimkeun ka alamat
> > > sekretariatna sewang-sewangan.
> > > Alamat-alamat sekretariat eta teh baris dibewarakeun sakalian
dina
> > > media masa tea.
> > > Kusabab Pasanggirina diayakeun di Garut, keur sakola-sakola nu
aya
> > > diwewengkon Garut mah, bakal dikiriman uleman ka sakolana
> > sewang2an.
> > > Cik, anu rido janten sekretariat atawa gaduh baraya dilemburna
nu
> > > kersa, mangga ngacung !
> > > bari ngintun data lengkep dihandap, kintun ka imel : ndoell@
> > > kalayan nganggo subjek : Sayogi janten Sekretariat.
> > > Nami :........................................................
> > > Alamat jelas : ..................................... Kode Pos :
> > >
> >
Kabupaten : ........................................................
> > > No. Telpon /Hape : .........................................
> > > Mangga baraya sadayana, diantos pisan dugi ka kaping 24 JULI
2006.
> > > Wa'alaikum salam Wr. Wb.
> > > Panitia HBH & Pasanggiri
> > > -Ndoell-
> > > enbe : nu nembe ngacung teh Kang Iim wungkul.....
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > http://cikundul3.multiply.com
> > > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> > > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
> > >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> --
> --------------------------------------------------------------------
--
> AGUS KURNIAWAN [PAKUSARAKAN]
> 08128377662, 02193264068
> --------------------------------------------------------------------
--
> Koperias Amanah Sunda
> www.inkas.wordpress.com
> --------------------------------------------------------------------
-
> http://aguspakusarakan.blogspot.com/
> http://geocities.com/prabu_siliwangi
> http://geocities.com/lodaya_9
> http://alhafizh_collection.indonetwork.co.id/
> http://siliwangi.blogs.friendster.com
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
--
----------------------------------------------------------------------
AGUS KURNIAWAN [PAKUSARAKAN]
08128377662, 02193264068
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://alhafizh_collection.indonetwork.co.id/
http://siliwangi.blogs.friendster.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

