Aduh hampura pisan atuh mang, abdi mah teu aya maksad ngajejeleh tur ngaheureuykeun ngaran batur, deneng eta nyabit nyabit tokoh epigram anu dina carios gaduh karakter anu lain tur dicandak tina ngaran aslina,panginten ngan ukur kaideuan wungkul. Adeng Suradeng anu ku abdi digambarkeun ngan ukur piktip,kasang tukang beda, lain intel, lain oge tukang mengbal da tukang mengbal mah Adeng Hudaya. Adeng Suradeng didieu ngan ukur tokoh parodi jeung burodi anu dibumbuan ku heureuy. Ngalamun simamang sareng abdi panginten beda, sanajan enya ngaran tokohna sarua. Padahal tadi teh make adun suradun wae nya, meureun moal dikoreksi, nya mang! Hatur nuhun mang kana koreksi, tuh pan ku ayana koreksi ieu jadi arapal yen Adeng Suradeng teh dina epigram mah kitu, jadi paranasaran, hayang nyaho jujutanana, antukna ngojengkang ka gramedia, piraku hayang maca kudu nginjem. Gengsi nya. Eh bit ketah nyebut gengsi bisi majarkeun ngadukung israel. sr ----- Original Message ----- From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, August 02, 2006 1:36 PM Subject: [Urang Sunda] (koreksi) Adeng Suradeng
> > ke heula euy, ulah make ngaran Adeng pikeun tokoh heureuy. sanajan ku > kuring ditambahan Suradeng, tapi dina Epigram manehna dijieun intelejen > tangtara, asal kesatuanana mah marinir. Adeng batur parasea si Kris. mun > erek si Adun Suradun. bebas si eta mah. nyokot ngaran Adun teu make > referensi sasaha, tapi ari Adeng mah, ke heula. bisi aya maung ngamuk. > > pangna kuring ngoreksi kitu, Adeng aslina-nu ieu jadi alesan kuring > nginjem ngarana- lain jelema samanea, sapuluh manea. sababna: > 1. Adeng asli, ketua Front Pemuda Sunda (FPS). taun 50an. demo kana > dominasi urang wetan di ieu nagreg > 2. manehna tentara oge, tentara bkr atawa tkr kitu > 3. urang Ciamis! tah ieu nu penting! > mj Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

