saur kang Soni Rosa Jeknyeh, ka pangandaran teh urang pajukeun bae, tanggal 5 sabtu isuk nya panginten dugi ka mingguna ping 6, sukur oge nepi ka 7 agustus. bolos gawe sapoe mah. ngarayakeun angka sial atawa poe kuring, 7 agustus. heeh, maksadna milangkala.
-------- nyelang heula, aya nu gelo urang jerman (baca, filsuf) nu nyerat, hiji2na kasalahan jelema teh, eta, dilahirkeun! haha. mikir jero yeuh pikeun ngahartikeunana. ------------- teraskeun.... kaleresan kang Soni tos kontak rerencanganana di Pangandaran, kang Cucu Ginanjar, guru SMA Pangandaran. Duanana tadi badanten teras sapuk surapuk, urang milari wewengkon nu rada terisolir atawa rada nyumput, nu kirang kaurus posko PBA Ciamis/Pangandaran. tah kadinyakeun we cenah dompet tsunami kusnet teh. nya urang tingali we heula kondisina. dana sadayana dugi ka ayeuna, kemis pabeubeurang, 3 Agustus 2006, Rp. 6.100.001.-. rencana mah, upami kaci ku pihak posko di ditu, bade dibagikeun langsung kanu ngungsi atawa nu keuna mamala tsunami. mudah2an tiasa dua tilu opat wewengkon/tempat. cara program P4 kapungkur (program paduli pangungsi papandayan) kapungkur. program dompet tsunami di kusnet diteraskeun dugi ka akhir agustus. pan bulan berkah cenah. bulan kamerdekaan tea. masihan waktos ka kadang wargi nu teu acan tiasa ngintun/transfer kamari2. sakitu heula mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

