Muhun leres Apih, diwewengkon abdi oge namina "jampana"! Dugi ka dangat ayeuna masih masih dianggo upami ngareuah-reuah agustusan...tiap-tiap RK (Rukun Kampung) ngadamel hiji.
 
Apih kumaha damang? Mugia Apih tetep sehat.
 
baktos,
 
brad
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten yeuh cep Syam R....,  upami teu lepat mah kanggo ngagotong jalmi gering,
jalmi jompo, asana mah sanes dongdang...., namung "jampana"...
cing leres henteu..??.
 
ssw
 
 sr [EMAIL PROTECTED]
 xxxxxxxxxxxxxxx di teuk 2 X xxxxxxxxxxxxxx 
Jaman kiwari lamun aya nu seserahan asa geus jarang ningali sosoangan jeung paparahuan, komo nepikeun ka mawa dongdang mah. Kanu can apal, dongdang teh hiji tanggungan anu dijieun tina awi, masagi juru opat, unggal juruna ditalian pikeun ngaitkeun rancatan jang ngagotong. Dongdang teh dina seserahan mah sok dipake mawa sarupaning, kadaharan katut paralatan dapur
timimiti seeng,dulang katut hihidna.
Tujuan utamana mah, matak sagala diringkid ge meh teu ngarisikeun nu boga imah lamun dina emprona,
saheulaaneun bakal netep dikomplek "mitoha indah". Salain dipake
seserahan, jaman baheula dongdang oge sok dipake jang ngagotong nu gering mun nek ka rumah sakit atawa ka pa mantri (dokter
), kawantu baheula mah jaman werit ku kandaraan.
xxxxxxxxxxxx di teuk 2 X xxxxxxxxxxx
Tah kitu omongan ua semar bari dituungtungan ku ngomong ka si cepot. "Pot nya geus boga konci kontak kitu, make hayang kawin sagala?" Ditanya kitu sicepot kalahka serengeh bari pok ngomong. "Ari ieu lain konci kontak kitu?" bari nuduhkeun ka lebah kolorna.

syam ridwan
.




http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke