Waalaikum salam wr. wb.
Innalillahi wainna ilaihi rojiun.....asal ti Allah mulang deui ka Allah, mugia almarhumah
dihapunten sadaya kalepatam sareng dosa-dosan, ditampi sadaya amal iman islamna
sareng amal shalehna...
Nya kitu kakulawargi anu dikantun, mugi dipaparin kasabaran sareng kaikhlasan...
Amiiinnnn ya robbal alamiinn..
ssw
Assalammualaikum Wr.Wb,Innalillahi wa inna ilaihi rajiuun..Sim kuring pribadi oge ti kulawargi anu jadi lanceuk neda du'a na ti para wargi sadayana.dinten ieu tabuh 3 sonten nembe, lanceuk abdi anu istri ( no. 3 ) tos ngantunkeun ngadep uih deui ka Rabbna.sim kuring oge asa kabentar gelap pisan, pantesan sadinten ieu teh asa ku laleuleus awak teh teu geunah hate teu geunah pikir.. geuningan anu jadi lanceuk nu geus saperti indung sorangan da ngilu ngurus abdi ti leuleutik, nganterkeun sakola jeung nungguan... anu ngadukung sagala cita cita abdi, anu nyaahna lir indung ka anak, matakan abdi sok nyebutna oge Mah Entin.kantos diobrolkeun sareng Teh Tien ( Indung peuting ) da sami profesina janten guru sakali deui, neda pidu'a ti baraya sadayana kangge pun lanceuk sadaya amal ibadahna, Iman Islamna ditampi ku Allah Swt, pon kitu deui sagala dosa dosana mugia dihapunten, dicaangkeun kuburna Amiin...nu ngaraos handeueul teu tiasa nungkulanWassalammualaikum Wr.Wb,Cecep.___.

