Hatur nuhun upami kaanggo mah....
Tadina mah bade ditambihan ku tembang-tembang sanesna, mung bae ..
tos teu kawadahan, upami di tambihan teh mudal ngabayabah kaluarrr..
Nuju milarian tolombong kanggo nambihan kawih-kawih sanesna sareng
bade ditambihan ku video wayang golek, kamari ieu kenging kintunan tiwargi Kusnet anu di New Caledonia, namung teu acan kapendak jalanna nga down load na.
heuheuheu....
Kahatur Ua Siddik
Sinareng Hormat
Ua,...Alhamdulillah sadaya koleksi tembang sunda dina ramat loka Ua teh parantos salamet dialihkeun ka goah sim kuring.
Hatur nuhun pisan, kapayun upami mendakan lagu `ladrak` atanapi Cacandran, mugia sim kuring tiasa diwartosan.
Hormatna
Riksanagara

