Kang Riksa sareng Teh Roro,
 
Sapuk pisan upama dina acara HBH, siga taun kamari, aya kentring kacapi-sulingan. Pikeun hal eta, abdi siap pisan, siap ngadangukeun :). Der lah, abdi pesen kawih "Malati ti Gunung Guntur" sareng "Salam Manis".
 
baktos,
manAR

 
On 8/4/06, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngahaleuang? Hayu atuuuuhhh...tapi punten soanten abdi teh teu patos sae siga Wa Titim Patimah atanapi Waljinah (Eh, ieu mah Jawi nyaaa..)
"Ni Gararandeng! Sareukseuk, siga embe weureu!" saur pun biang mah pami nuju kabaribinan ku sora abdi heheh...
Sareng eta lagu Kembang Tanjung teh nu kumaha tea? Da abdi seuseurna ngadangukeun lagu Sunda nu sok dihaleuangkeun ku Ceu Hetty Koes Endang, Nia Daniati,  Doel Soembang sareng Darso. Cik punten pangintunkeun Kang Riksa, numawi nembe dibuka ka alamat Kang Dudi teh langsung ditembak!
 
PERINGATAN!
System keamanan telah mendeteksi bahwa computer anda melakukan aktivitas-aktivitas yang tidak berhubungan dengan kepentingan perusahaan
System keamanan telah mencatat akses ke:
http://dudiherlianto.multiply.com/music yang berasal dari komputer anda
Harap aktivitas tersebut segera dihentikan atau anda terkena sanksi sesuai peraturan perusahaan
Bila peringatan ini diakibatkan oleh aktivitas yang berhubungan dengan kepentingan perusahaan,
 
Hiksss….kumaha bade latihan???
ro2
 
>>> [EMAIL PROTECTED] 08/04/06 02:56AM >>>
 
Hayu atuh urang haleuangkeun ieu lagu2 buhun teh sasarengan,...kang
Dudi anu metik kacapi; anu ngahaleuangna mah kang Brad sareng Teh
Roro,...abdimah anu ngiringkeun nganggo biola we,..(kaci pan lagu
sunda buhun dipirig ku biola?)..saha anu niup sulingna nya?
Ciganamah Kang Oman Abdurahman wae nya, kitu?

Dipintonkeun nana dina acara HBH anu rencanana bade di laksanakeun
di bumina kang Denny Suwarja Cibatu, Wanaradja tea,....
Kumaha kang Dudi, Teh Roro, Kang Brad, kang Oman...satuju? Hayu atuh
iraha urang ngawitan latihan,...?
 
 
 

 

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke