Waalaikum salam wr. wb.

Hatur nuhun ka baraya nu tos ngawilujengkeun 3 taun ramatloka web
kusnet (www.urang-sunda.or.id) teu hilap ka rengrengan team web kusnet
anu tos ngiring ngokolakeun ieu web kitu deui ka baraya kusnet dimana
wae ayana.

Hatur nuhun nuhun oge ka rengrengan YP (Mang j, Ua sas, bah wily
sareng nusanesna) anu tos pang nyewakeun server kanggo web kusnet ieu.
Kitu deui ka apih siddik nu sok masihan support boh
didarat,diemail,chat.

Sakali deui hatur nuhun kasadayana kana pangrojongna. Ieu web teh
bukur waktos kongres dibumina mang j dirajamantri...sim kuring oge ka
kusnet teh harita nembe ngiringan....kang kandar oge harita teh nuju
pedekate (pendekatannya he he...)

Mangga ayeuna urang sasarengan evaluasi web kusnet kusadayana dugi ka
ahir taun ieu kumargi seep sewa server teh dugika desember 2006.

Sakitu heula hapunten kana kakiranganana....

Baktos
@ERN


On 8/3/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wa'alaikumsalaam w. w.
>
> Panuhun ka kadang wargi anu parantos ngarojong, boh tanaga atanapi
> du'a, kana kamajengan ieu proyek/ramatloka.
>
> Mun teu salah, dijieunna ieu loka teh mangrupa 'bukur' kongres
> (ngawangkong teu beres-beres) alias kopdar Kusnet, duka anu ka
> sabaraha, dina taun 2003 di bumina Ua Sas. Mimitina mah, saheulaanan,
> loka ieu teh ditujukeun pikeun ngarsipkeun/ngumpulkeun hasil paguneman
> urang sapopoe di ieu milis. Anapon harepan ka payunna, ieu loka teh
> dipiharep bisa dijadikeun loka utama anu ngawadahan sagala rupa
> embaran/pangaweruh dina hal Sunda, urang Sunda, kasundaan, pokona mah
> sadaya ngeunaan Sunda weh... heheh...
>
> Lintang ti harepan jeung angen2 anu luhur eta, dina prakna mah aya wae
> hahalang teh, boh dina segi tehnis, oge nontehnis, sahingga kamekaran
> ieu loka masih teu acan optimal. Alesan anu utama mah taya lian
> kumargi rengrengan pangurus teh gaduh kasibukan sewang2an.
> Bungkeuleukanana ieu loka ayeuna teh, ceuk kasarna mah, hasil tina
> salingkuh para pangurusna. Salingkuh, da memang dipigawena teh nyelang
> tina kasibukan gawe masing2. Boro-boro dibayar, ieu loka teh
> dikokolakeun ku para sukarelawan. Nuhun pisan ka Kang Eko salaku
> pupuhu alias pimpro, anu salawasna miara 7 ngokolakeun ieu loka. Cenah
> mah baheula kungsi nepi ka komputerna ngebul... Heuheu... Duka pedah
> lila teui dipake, duka pedah dibubuy...
>
> Perkawis ilubiung sumbang tanaga, simkuring ngawakilan pangurus moal
> weleh ngahiap2 ka sadaya wargi, boh anu bade sumbang tulisan atanapi
> pangrojong tehnis dina ngararancang ieu loka.
>
> Sakitu heula bae ti sim uing mah, harilap deui pipokeun... heuheu...
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke