Hahahahah.... raja bako murka.... huihhihihihih...

On 04/08/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  uing tukang udud. marlboro beureum.

uing ge ngaku, tukang udud. bakona naon bae, ari biasana mah gudang
uyah saringan.

>  ngaroko euweuh hubunganana jeung nyaah kabudak. da uing tara udud
>  hareupeun budak. biasa di ruang komputer,jauh di kamer budak.

kuring oge tara ngaroko ari hareupeun budak mah, jadi, si orok teh
disina nonggongan... heuheu (ngeleeessss......). Pon kitu deui mun
keur di nu rame, nu jalmana teu arudud, kuring tara ngaroko (iwal mun
keur kopdar jeung Iva, Gia, Teh Tia, Irpan, jsb. hampura nya, lur....)

>  teu kudu nyebut teu boga uteuk sagala, atuh. da jelema. nu udud jeung nu
>  korupsi dosana gede mana? ari haseup knalpot mobil jeung haseup roko
>  bahaya mana? dina enyana uing teu boga uteuk, sakola mah nepi ka magister
>  di cap gajah cindeten.

Boga ari uteuk mah, ngan nya kitu tea. Mun ceuk gayana mah, teu taat
asas. Geus nyaho mawa pangaruh goreng, angger we dilakonan. tapi
leuheung ari kelas kuring mah, da dokter ge sok aya nu ngaroko!
(heuheu.... ngeles deuiiiii.....)

>  soal panyawat, eta mah cara atawa jalan pikeun paeh. cara logika jelema
>  sangkan paeh aya sababna. loba nu udud, umurna panjang. loba nu teu udud
>  jeung teu gaul ti nu udud, paeh ngora. paeh mah dicabut nyawa ku pangeran.

Tah, sigana dina lebah dieu mah perlu oge diperhatikeun, utamana ku
anu boga gangguan engapan, kasakit bayah, anu bisa ngabalukarkeun
kasakitna beuki parna. Mun walagri mah, mudah2an teu nanaon...
heuheu... HURIP WARAS!!!!

Nuhun panggeuingna, Pan! Kitu ari sobat sajati mah, moal weleh
ngelingan, najan karasana bakal pait. Malah, kadang, perlu dipapait,
sugan teurak. heuheu....

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke