Boa kitu...
perang mikir, jiga maen catur tea.

Enya uing ge ngarti, salian ti tujuan hade Kang Irpan,
kampanyeu anti Roko, uing ge apal meh ieu milis teh 
terprovokasi, tuluy rame. puguh geus lila euweuh nu parasea
jeung burasea, matakna uing mairan ge.

Tapi teu kabeh jalma anu ngarti kana pamaksudan Kang Irpan eta,
jauh ti eta, nu katangkepna justru provokasi Kang Irpan nu 
dianggap kurang etika. Nyebutkeun nu udud teu boga "Uteuk".
Asa teu pantes. 

Enya, model ka urang-urangan samodel uing mah, pek bae teuing.
tapi pan nu maca di ieu milis teh loba nu geus "teu ngora deui"
(baca : karolot) bari jeung bareuki udud. Kang Irpan ge apal.
Meureun loba nu ngarasa kasinggung, bari jeung rek mairan ge 
asa kumaha.

Mun heug rek diskusi ge, kuduna mah basa nu rada santun, da basa 
mah teu kudu meuli, bari jeung sipatna umum, teu kudu mamawa
prinsip-prinsip agama sagala. Mun enya rek mamawa agama mah, 
saruana Kang Irpan ge geus nyapirakeun jijieunan Allah. 
Geus puguh sakabeh manusa teh dibere uteuk iwal ti sato,
boh nu udud, boh nu henteu. 

Eh ketang, sato ge boga uteuk mah, da uing ge sok meuli uteuk 
domba diwarung padang, eh...Otak eta mah.
"Uda....otak kambiang cie, nasi nambo...."

(ceuk bari murintil-murintil, tuluy diaclengkeun....)


-dul-
tukangteuing




--- In [email protected], "irpan rispandi" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang nanang,
> ayeunamah zaman *Ghazwul Fikri *(Perang pemikiran).
> 
> Sanajan enya kuring wani jeung gelut-na, tapi teu sagampang eta.
> *
> Gelut mah jarang bisa nyelesaikeun masalah.
> **Nambah masalah biasana mah.
> **
> *
> kukituna sabisa bisa ku diskusi, adu pendapat.
> Lamun *enya* mah ngarasa *boga uteuk*
> he..he..he..
> 
> 
> On 8/4/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Mun rek nangtang mah ka Preman we atuh sakalian, wani teu ?
> > tuh di Kampung rambutan ge ting jalegir nalongkrong.
> > nya bari udud, bari mabok, bari judi, bari nodong, jeung
> > osok ngagebugan jelma nepi ka maehan sagala. Leuwih ngarugikeun
> > batur daripada nu udud mah.
> >
> > Uing ge sok udud, Jie Sam Soe kretek.
> > nu penting mah ududna teu disundut-sundutkeun ka baju batur,
> > meuli ku duit sorangan, lain menta ka batur, komo bari bari
> > nodong mah.
> >
> > Di ruangan kantor mah tara udud, mun arek ge diluar.
> > diimah ge, misahkeun maneh jeung nu teu udud.
> >
> > Soal umur mah lain ditangtukeun ku udud.
> > Najan keur ngorong ge ari kuduna maot mah nya maot we.
> >
> > Teu boga uteuk ?
> > ah....nu bener we atuh ilaing teh ...!
> >
> >
> > -dul-
> > tukangteuing
> >
> >
> > --- In [email protected], "irpan rispandi"
> > <mr.rispandi@> wrote:
> > >
> > > Email ieu NANGTANG baraya kabeh  khususna anu ngaroko.
> > > Mun aya nu wani, sok tembalan ieu email. :)
> > > biasana nu ngaroko mah sok merasa jantan. :D
> > > Maju kadieuh !
> > >
> > > eusina aya  4 bagian :
> > > - Kalimat provokasi ti kuring
> > > - Argumen pembenaran anu ngaroko
> > > - FAKTA
> > > - Saran
> > >
> > >
> > > *Provokasi :*
> > > Nu ngaroko mah teu boga uteuk, teu nyaah ka anak pamajikan, teu
> > ngahargaan
> > > batur.
> > >
> > >
> > >
> > > *Argumen pembenaran :*
> > > - mun eureun ngaroko, perusahaan roko tutup, rebuan karyawan 
bakal
> > di PHK
> > > - Ngaleungitkeun stress
> > > - kabutuhan kulawarga tetep terpenuhi.
> > > - Nepi ka umur 50 tahun euweuh keluhan nanaon, kesehatan tetep
> > prima.
> > > - Ngeunah
> > > - pergaulan
> > > - jrrd.
> > >
> > >
> > > * Fakta :*
> > > a. Data ti  WHO :
> > >     http://www.who.int/tobacco/health_priority/en/index.html
> > >     - Pamaeh nomer 2 di dunia.
> > >       1 dari 10 orang dewasa paeh lantaran ngaroko.
> > >
> > >      - Pos pengeluaran gede di kulawarga miskin.
> > >        pikeun kulawarga miskin, ngaroko teh nyedot biaya nepi 
ka
> > 10% belanja
> > >        kulawarga. Padahal mun maranehna boga uteuk mah, eta nu 
10%
> > teh bisa
> > >        dipake jang perbaikan giji anak, atawa biaya pendidikan,
> > kesehatan,
> > > jsb.
> > >        Acan lamun anu ngaroko teh gering paru-paru atawa 
saluran
> > pernapasan,
> > >        tangtu pengeluaran deui jang ka dokter.
> > >
> > >      - Ngandung zat-zat berbahaya pikeun awak :
> > >         http://en.wikipedia.org/wiki/Chemicals_in_a_cigarette
> > >         http://en.wikipedia.org/wiki/Cigarette
> > >         diantarana : Arsenic, Cyanide, Butane, Formaldehyde, 
jsb
> > >          - Arsenic (anu dipake maehan Munir)
> > >          - Cyanide (sianida, racun mematikan deui wae)
> > >          - Butane (dina LPG jang masak aya na teh)
> > >          - Formaldehyde (masih inget Formalin ?)
> > >
> > > b.  ngakibatkeun teu kurang ti 73 panyakit :
> > >      http://www.ash.org.uk/html/factsheets/html/fact02.html
> > >      diantarana : Mandul, Impoten, Menurunnya kualitas Sperma,
> > Diabetes,
> > >       Kangker, jsb
> > >
> > > c.   Perokok Pasive (Pamajikan, anak, babaturan anu teu 
ngaroko)
> > boga
> > > potensi       panyakit anu teu jauh beda ti anu ngaroko.
> > >       http://www.ash.org.uk/html/passive/html/passive.html
> > >
> > > d.  ngakibatkeun kecanduan jeung ketergantungan :
> > >       http://www.quitsmokinghelp.net/psychology_of_smoking.html
> > >
> > >
> > > *Saran*
> > > (ari disebut solusi mah jajauheun, da yakin moal dilaksanakeun 
ku
> > anu
> > > ngaroko na oge.)
> > >
> > > a.  Masalah perusahaan roko, keun we da sakabeh manusa didunya,
> > geus
> > > ditangtukeun rejekina ku Allah. Urang mah nyaah ka anak 
pamajikan,
> > mikirkeun
> > > ekonomi rumah tangga. nya eureunan ngaroko.
> > >
> > > b. Masalah ngilangkeun stress.
> > >     kapanan aya laguna
> > >     obat hati eta aya lima perkara
> > >     1. maca quran
> > >     2. solat peuting
> > >     3. kumpul jeung jelma soleh
> > >     4. puasa
> > >     5. dzikir
> > >
> > >    Lain ngadurukan duit !
> > >
> > > c. Kabutuhan kulawarga terpenuhi.
> > >     biasana jalma cukup nu kieu mah. hanjakal     sombong. 
kena-
> > kena boga
> > > duit     leuwih tuluy diduruk.
> > >     mendingan duit anu di duruk teh, di sedekahkeun.
> > >
> > > d. Tetep sehat neupi ka umur 50 taun.
> > >     Sabaraha hiji anu bisa kitu? batur bisa nepi ka kolot. ari
> > urang saha
> > > anu     ngajamin bakal sehat ? sakitu geus jelas, unggal poe
> > nyeuseup arsen,
> > >     sianida, formalin, jrrd. Mikir atuh !
> > >
> > > e. Ngeunah.
> > >     Nu kieu anu egois teh. ngeunah jang sorangan teu ngeunah 
jang
> > batur.
> > >     Awak/baju bau haseup, huntu gading hideung, nafas bau, 
karunya
> > we
> > > pamajikan jeung anak.
> > >     Kangeunahan teh loba jenis na. cing atuh kangeunahan nu
> > ngarugikeun
> > > batur mah tong dipiara wae.
> > >
> > > f. Gaul
> > >    Nu kieu biang na ngaroko teh. khususna budak ngora. 
padahalmah
> > mun eunya
> > > boga uteuk, teu ngaroko ge tetep we bisa gaul. teu kudu bari
> > ngaroko wae.
> > >
> > >
> > > Numatak baraya, STOP SMOKING !
> > >
> > > ***langkung saur bahe carek, neda dihapunten.
> > >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke