Kang Iwa,
Akang teh hiji tina sekian peroko anu boga argumen silih hargaan.

Ieuh kang,
kuring satuju silih hargaan.
hanjakal silih hargaan jeung peroko mah, lolobana teu adil.
loba nguntungkeun peroko.

conto leutik:
di tempat karamean.
Anu teu ngaroko ngahargaan anu ngaroko, diantep teu dikukumaha.

tapi naha haseupna, langsung atawa teu langsung, kaseuseup ku anu teu ngaroko.

mun enya mah hayang silih hargaan.
mun ngaroko, haseupna tong dikaluarkeun, tapi di teureuy.

karek adil, konsep silih hargaan teh.

kumaha tah......

On 8/4/06, iwa cyber <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kuring gan,...si kuring tuturubun udud surutu subuh subuh tujuh puluh tujuh bungkus na ari di dinya bet kukulutus....pajarkeun nu udud teu ngahargaan batur,,..sidik manehna nu teu ngahargaan nu udud,...silih hargaan we hirup babarengan mah...de'et pisan utek teh !!... da peroko juga manusia, ente mau di-udud? kuma dinya we ah,...
*** bari nyelempod, milu ngaramekeun we ah



irpan rispandi < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waah....
Aya penonton (supporter ?) euy...
Awewe deuih..

geus jadi "Naluri Lelaki", lamun aya awewe, sok beuki pasang aksi. gumasep. he..he..he..

Mana baraya sejen, hususna anu sok ngaroko,
maju deui,
Argumen na ditunggu....

****bari lajag-lejeg, nulak cangkeng, muril-muril kumis.
tapi kuring teu kumisan ketang. he..he..he...


On 8/4/06, ika mardiah < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
hehehe.....gening aya perang yeuh.
sok mangga teraskeun.
sugan tiasa dibukukeun, "Perang Melawan Perokok"
pan lumayan tiasa dicitak kanggo nambah kencleng.
 
ika


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke