kondisi psikologis barudak rumaja anu can stabil.
gampang pisan kapangaruhan ku lingkungan.
komo deui pangaruh goreng, gampang pisan nerap na teh.
teu saeutik carita kajadian, budak sakola teu mayar SPP, lantaran duit SPP na, dipake meuli roko.
malah kajadian ka dulur kuring sorangan, anak bibi.
mimitina tina ngaroko, dipangaruhan ku babaturan.
ka dieunakeun ngarembet kana obat terlarang.
ku kituna, ka baraya anu boga budak rumaja.
kahade, sing iatna sing ati-ati.
On 8/5/06, Roro Rohmah
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Emut ka pun Bapa (Alm.) ari nyepeng roko teh siga nu kagok, da kutara ngaroko tea...Alhamdulillah.
Meser sabungkus ge tara seep-seep, tungtungnamah sok dipasihkeun ka saha wae nu hoyongeun.
Pami ngaroko teh siga nu nuju diajar rada aha-oho...gohgoy.
Paling ngaroko ge, pami aya tamu, "Ngahormat" saurna.Emut deui ka pun Aki (Alm.), nyaan eta mah nyandu kana ngaroko.
Maklum sepuh jaman kapungkur, ngarokona bako dibungkus ku daun kawung, sakapeung mah ku pahpir.
Basa bolon keneh mah teu ngartos pahpir teh paragi nyesep, nya ku abdi teh sok dilamotan...da amis heheh.
Nya atuh diseuseulan ku si Aki..."Rek diajar ngudud?!"
Bakat ku nyandu teuing, gohgoyna parna, uah-uih wae lalandong ka dokter.
"Mangga, bilih Bapa hoyong geura pupus lajengkeun ngarokona..." saur dokter bari semu keuheul.
Ari pun Bapa bakat ku hoyong disebat "Minantu Bageur" kalahka mang meserkeun bako Mars Brand.
Saur pun Bapa mah bako eta teh "nikotin"na pangna weh...puguh we si Aki teh asa mobok manggih gorowong.
Ngelepussss...hantem we diroko eta bako...
Tapi kersaning Allah, pun Aki teh pupus sanes ku roko, tapi geubis.Emut ka pun adi nu bungsu pameget, yuswana 20an, pangawakan jangkung badag...
Sok disarebatan "bences/bencong" ku rerencanganana da tara ngaroko.
Keuheul disebat kitu, diajar weh ngaroko susumputan...
Sakapeung mah pami kapendak sok diseuseulan ku abdi.
Tapi, teng manuk teng anak merak kukuncungan...angger teu pati resep kana roko.
"Nya, bener Ceu timanan meser roko mah mending keneh meser Chiki..."ro2
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

