Assalamu'alaikum...
 
Leres pisan cariosan kang bohay teh nu lami di jatinangor....seuer kostan du daerah ciseke, sayang..leres oge seeur calo kostan, kaleresan alumni calo teh kang bohay......heuheuheu..(heurey kang)
kangge kostan istri mah aya di daerah sayang namina pondokputri...kostan na beresih serang rada ketat kangge pameget anu lebet...upami teu lepat mah caket masjid..pas turunan,..sebelah kiri..
Saha anu lebet ka Fapet teh...?wilujeng atuhnya...
sim kuring oge sami sareng kang bohay..alumni fapet UNPAD...
 
salam
-UrG SuNdA-
 
 
 
reka gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam...

Akang, sim kuring bade masihan info, seueur kosan di jatinangor mah,
anu khusus kanggo istri oge seueur. ulah hariwang... pilarian weh di
daerah ciseke, eta teh persis peuntaseun unpad, raos didinya mah,
janten teu kedah ngongkos deui. kantun mapah ka kampusna. kade kang,
seueur calo... tong gura giru teuing milarianna, dongkapan weh
langsung ka kosanna, janten teu ngalangkung calo.
pami henteu, di ciseke seueur warung atanapi wartel, tah, taroskeun
kadinya... pasti ditunjukeun...
Lebet ka Fakultas peternakan??? saha kang? putra akang?? sim kuring
oge kaleresan Alumni ti Fapet, Wilujeng kang...

-bohay-
lila di jatinangor...

2006/8/6, .:: kIPeR pERsIb ::. <jajaka_subang@yahoo.co.uk>:

> Asswrwb
>
> Punten permisi sadayana bade tumaros bilih jueng sugan ari manawi oge
> aya naha aya nu gaduh kagungan informasi ngeunaan kostan di Jatinangor
> nu caket UNPAD fakultas Peternakan, biliah aya nu kagungan infona ieu
> kostan mun aya mah kanggo istri teu kenging campur da sanes keur
> kuring .. nuhun pisan...
>
>


Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke