Ngahaturnuhunkeun ka MJ nu parantos ngaluangkeun waktos kanggo masihan resensi eta buku. Insya Alloh engke abdi bade meser.
Oge ngawilujengkeun kana tepang taun, mugia MJ sakaluargi tetep sehat, jauh balai parek rejeki sinareng langkung jembar tur barokah, Amin.
Sakali deui hatur nuhun.
brad
jelema nu teu boga uteuk
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nedunan kang Brad, ieu aya reresensian buku Nu Maranggung Dina Sajarah Sunda
--------
Resensi buku, Nu Maranggung Dina Sajarah Sunda
Edi S Ekadjati,
Pusat Studi Sunda, PT Kiblat Buku Utama
2006
Kandel 147 kaca
Buku nu dipanganteuran ku Ajip Rosidi ieu dipedalkeun/lauching dina 40
dintenan pupusna Prof. Dr. Edi S Ekadjati. 16 tulisan ngeunaan nu
maranggung dina sajarah Sunda yasana Prof. Edi S Ekadjati dina buku ieu
sateuacana kungsi dimuat (basa Ajip Rosidi mah diumumkeun) di majalah
Cupumanik.
Nilik judulna, tangtu ieu buku eusina mangrupa pedaran ngeunaan tokoh
atawa lembaga nu boga ajen sajarah enggoning nanjeurkeun Sunda. Mimiti ti
legenda, nu ku Edi disebut Alam Prasejarah-nu kapilih teh Sangkuriang- tug
nepi ka Ir. Juanda (1911-1963). Lengkepna 16 judul buku eta:
Sangkuriang jeung Alam Prasejarah
Tarumanagara Anu Jadi Wiwitan
Citraresmi Belapati
Wastu Kancana (137101475): Raja Sunda
Sri Baduga Maharaja
Ki Tapa : Pahlawan ti Banten
Bagus Rangin : Pahlawan ti Cirebon
Raden Dewi Sartika (1884-1947): Ngadegkeun Sakola Kabinangkitan Wanoja
Sekar Rukun: Ketakna Nonoman Sunda
Propinsi Pasundan
Iwa Kusumasumantri: Dina Pulitik, Dina Cinta
Gan Ema: Sagala Keur Sunda
Hizbullah Cirebon
Kongres Pemuda Sunda: Eunteung beureum nu jadi marga
Pa Oto
IR. Juanda: Tehnokrat Utama
Dina bab Kongres Pemuda Sunda Eunteung Beureum nu Jadi Marga dibuka ku:
Teungteuingeun eunteng beureum
Keretas daluang Cina
Teungteuingeun deungeun-deungeun
Neken teh kabina-bina
Harita tatar Sunda keur keuna mamala, loba urang sunda dianggap co (pro
walanda, akibat ayana RIS tea, aya Nagara Pasundan nu cenah jieunan
Walanda), terus gorombolan Kartosuwiryo nu ngagalaksak padesaan, jeung
sajabana. Hayang kuliah, kudu ka Jakarta atawa Yogya, da ITB mah ngan ukur
diajar teknik, jaba pikeun pamuda sanusantara. Antukna dur der pamuda
singkil, Sunda nyarieun wadah, daya sunda, damas,sunda budaya, nonoman
sunda, putra sunda, jsb. Sangkan teu aing-aingan, nya sawatara organisasi
nu anggotana kolot, ngahiji dina wadah Badan Musawarah Sunda (BSM),
pupuhuna Mr. Iwa Kusuma Sumantri (Mr teh ayeuna mah SH). Organisasi
pamuda, gabung dina ngaran FPS, Front Pemuda Sunda.
Gagasan Kongres Pemuda Sunda datang ti Ajip Rosidi, harita Ajip masih
keneh budak satepak nu umurna karek 18 taun! Sababna harita aya pamflet nu
ditawis Adeng S. Kusumawijaya minangka ketua FPS jeung Ajam Syamsupraja
minangka sekjen. Eusi pamflet teh garihal pisan, eusina ngiritik, malah
nyarekan pa pimpinan PNI Jabar, presiden Soekarno jeung urang Jawa.
Gara-gara pamflet FPS eta, urang Sunda jeung Sunda deui silih salahkeun,
parebut bener. Kusabab kitu, Ajip ngusulkeun ngayakeun Kongres, sangkan
puguh naon nu ku urang dipikahayang. Imah munggaran nu jadi tempat
riuangan di Jl. Salatiga Jakarta, bumina Letnan Kolonel Akil
Prawiradirdja. Panitia kongres dipingpin ku RAF. Kongres Pemuda Sunda
diayakeun di Bandung 407 Nopember 1958 di hotel Orient, jl. Asia
Afrika-ayeuna hotel eta geus sirna.
buku ieu kaitung perlu jeung penting pikeun urang nu hayang apal lampah
kolot urang sunda baheula, boh dina sajarah sunda sorangan oge dina
sajarah nagara.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

