Ngahaturkeun nuhun ka MJ sareng KS, sareng balad2 di Ciamis nu parantos nganteurkeun bantuan ti baraya KUSnet.
Mugi MJ oge KS tetep sehat sareng kiat.
Baktos,
ika

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lalakon Nganteurkeun Dompet KUSnet (pikeun korban) Tsunami Tatar Sunda

Malem Saptu, Kang Soni Rosa ngajemput kuring jam 8 peuting. Telat sajam
tina jadwal. Jadwal rutin kang Soni, unggal Saptu sore jeung kesebelasan
Telkom maenbal di Sabuga. Sore eta maen jeung tim kang Tisna Sanjaya,
seniman nu tukang menbal, sigana tim ITB. Mun lain oge, paling tim jeprut.
Kasebelasan Real Telkom eleh pisan cenah: 1-6. Sakali-kalina Real Telkom
ngagolkeun, nya ku kang Soni nu jadi striker. Jadi mun baraya KUSnet bade
ngadamel kasebelasan menbal KUSnet United, kang Soni jeung Jeknyeh-na
tiasa janten stiker!

Rencana mah teu langsung ka Pangandaran, da pasti datang janari. Nyimpang
heula di lemburna kang Soni, Kertabumi Cijeungjing (ti Bojong ka kaler)
Ciamis. Ari ngendongna mah di bumi sepuhna, di Ciparigi, kalereun
Kertabumi dugi jam tilu janari, saatos ngagentos ban tukang kenca nu bitu
alatan jalana renjul kubatu calon diaspal ulang.

SAPTU, 5 Agustus 2006

Enjingna, kang Yayan-wargi kang Soni nu oge pulisi desa Kertabumi ngiring
ka Pangandaran, kaleresan anjeuna gaduh dua bibi nu keuna musibah tsunami.
Anjeuna tos tilu balikan ka pangandaran, jadi relawan. Saparantos nyandak
dana kiriman baraya KUSnet nu nyelap dina ATM BNI -nu di BCA mah tos
diporosotkeun sonten kamari di BCA Asia Afrika, jam 10an, Avanza hideung
ngabius muru basisir kidul. Di jalan, kuring jeung kang Yayan,
ngasup-ngasupkeun duit saratusrebuan ka tiap amplop. Kang Soni rek mantuan
dicaram, da mun kabeh ngasup-ngasupkeun duit kana amplop, nu nyupir saha?

Model sumbangan artos dina amplop kantos dilakukeun basa P4 (program
paduli pangungsi papandayan-garut, sababaraha taun katukang).

Di jalan aya sms ti sobat dalit kuring keur SMA urang Padaherang
Banjarsari, Asep Irianto, nenehna si Bejo (ayeuna jadi Agus Irianto-
ngarana dijieun tokoh dunungan anyar Kris dina novel Epigram). Manehna
keur di Banjar-damelna masarkeun mesin-mesin pertanian kalebet mesin
penggilingan padi. Hayang tepung geus lila teu panggih. Nya jangjian di
jalan. Panggih di RM Intan di Cikotok. Ngobrol heula ubar sono. Biasa
panggih jeung sobat dalit mah, mun teu ngekeak nya silih ledek. Manehna
talatah, mun bisa mah teangan si Diah-salamet teu, tanya we salakina di
kantor pulisi da pulisi, ngarana Syarif. Ah, mudah2an we salamet. Saha
Diah? Batur pakeukeuh-keukeuh keur SMA: kuring keukeuh naksir, manehna
keukeuh nolak!
Beres sosonoan jeung sobat antik, mobil ngabius deui ka kidulkeun.

Di jalan tos bade ka Pangandaran, geus ranteng spanduk peduli tsunami ti
lembaga atawa pausahaan, oge aya posko ti partai atawa LSM, jrrd. Nepi ka
bunderan Pangandaran payuneun masjid, mobil ngarandeg heula. Sisi jalan,
sigana hareupeun kantor pamarentah, loba kemah: panampungan pangungsi. Aya
dua treuk tentara, sigana urut ngakut bantuan atawa ngakut pasukan
relawan. Kang Soni salaku pilot, make rencana awal, nepungan heula sobatna
keur SMA, kang Cucu Gumelar nu pituin Parigi. Kurang leuwih 15km ti
Pangandaran. Tatanya kumaha hadena masihkeun dana sumbangan 8 juta (80
amplop). Mobil si bageur ngadius ka kidul-ngulon ka Parigi. Di sababaraha
tempat, aya tenda ngariung, tempat penampungan pengungsi nu imahna beak ku
tsunami. Mun teu maca spandukna mah, nempo loba kemah kitu, ingetna teh
keur miluan pramuka baheula. Ngan spandukna nu ieu mah matak ngalimba.
Dugi ka Parigi, turas-taros bumina kang Cucu Gumelar, guru SMA Parigi,
mobil nepi ka desa Margacinta. Beu, gening siga ngaran komplek bumi si Ua
Sasmita!

Kang Cucu Gumelar teu kasampak, saur istrina nuju rapat di sakola. Nya
diantosan dina teras, bari buru-buru ditelepon istrina. Laha-loho ke jero
bumina da pantona ngemplong, loba wayang golek ngajaranteng dina tembok.
Bima, Arjuna, Kresna jeung sajaba. Sihoreng kang Cucu oge bisa ngadalang
bari sok manggung malah. Teu lami, jol kang Cucu make pakean olah raga.
Sanggeus ngobrol sono kang Soni, nya ngumaha ka anjeuna. Kumaha carana
ngadugikeun sumbangan ti KUSnet nu 8 juta. Nya ari dibagikeun ka sadaya
tempat mah moal dipicekapeun. Anjeuna ngusulkeun, “Kumaha mun urang
sumbangkeun ka dulurs di wewengkon nu rada terisolir, ayana di Kecamatan
Cimerak, lemburna mah ke urang tanya adi kuring nu kabeneran gawe di
Kacamatan eta.”
Satuju. Bius mobil ka kidul-ngulon, liwat Cijulang, liwat walungan ka
Cukang Taneuh (Green Canyon tea katelahna), liwat jalan bandara Nusawiru.
Sanggeus mengkol, srog mobil nepi ka kantor kacamatan Cimerak. Kardus mie
instant, cai nyusu (air mineral) botolan, biskuit, karung beas, jsb numpuk
di pendopo kacamatan. Hate rada reugreug.

Dina meja posko kasampak aya dua bapa-bapa. Kang Cucu nepangkeun tim
KUSnet ka dua bapa eta. Sihoreng Pa Camat nyalira nu mayunan jeung raina
kang Cucu. Rada ngageter hate ningal rarayna Pa Camat nu (maksakeun karep)
someah bari rarayna mah siga baluweung seueur emutan rahayatna
katalangsara. Oge ka raina kang Cucu nu teras badanten saatos dimanggakeun
ku pa Camat perkawis niat urang nu bade nyumbang langsung. Si kuring nulis
di buku tamu make ngaran Yayasan Perceka jeung [EMAIL PROTECTED]ups.com,
maksud bade ngadugikeun sumbangan.

Raina kang Cucu masihan daptar lokasi penampungan pengungsi di kacamatan
Cimerak bari nyeratkeun jumlah pengungsi total jeung Kepala Keluarga.
Wewengkon nu rada terisolir pisan, nyaeta kampung Logodor Desa Masawah
Kacamatan Cimerak. Urang Logodor mah teu pindah tempat, caricing di dinya.
Logodor teh sateu acan Legok Jawa. Jambatan ka wewengkon eta rusak. Teu
bisa dipake mobil. Jadi bantuan kaitung kurang dan hese mawa. Kardus atawa
karung kudu diangkut kujelema. Raina kang Cucu nyerat jumlah KK di
Logodor, 65 KK, tempat sanes 100an leuwih. Nya ka Logodor we tujuan teh,
da amplopna ngan 80.

Lumayan belasan kilometer deui ka dinya teh. Ngaliwatan posko panampungan
pengungsi Masawah nu reuteum spanduk ti sabaraha lembaga oge LSM. Bus
mobil ka jalan di tengah kebon. Di tengah kebon, aya imah tembok payuna
pinuh ku kardus bantuan. Spandukna, Posko Zakate Wong Cirebon. Hate surak.
Tapi teu lila, da mobil asup ka wewengkon sisi basisirnu pinuh ku
imah-imah nu rusak, sawah jeung kebon nu rusak, tangkal kalapa nu dauna
siga urut karerab seuneu. Di dinya oge aya posko ti sababaraha lembaga,
partai, oge lsm.

Beuki sisi basisir, jadi teu puguh rasa, ngarey, leuleus, keueung,
muringkak, hate peurih. Nyaksian kondisi imah nu rusak, urut imah jeung
tanah lapang nu beunang mersihan sababaraha batalion Zipur Kostrad jeung
Siliwangi oge relawan sipil, posko jeung spanduk-aya ti Daarut Tauhid,
Dompet Duafa Republika, pemirsan tv, sabaraha partai Islam, Golkar, jeung
sajabana. Aya tenda Unicef oge ti Bulan Sabit Kuwait-nu ieu di sababaraha
tempat, beh ditu dina tegalan, aya SD darurat, mangrupa kemah badag
sababaraha hiji. Tiap kemah pikeun sakelas.

Mobil nepi ka jalan sisi basisir. Beak lembur nu oge rata samemeh Logodor,
mobil parkir. Terus turun ka walungan, milih nu caina saat. Amplop dina
keresek digigiwing. Ti dinya leumpang kira2 sakilometer. Jalanna lempeng,
disisina jukut siga nu diurus, terus tatangkalan nu rarusak. Sisi jalan
katuhu, tanah lapang bersih, imah-imah kari lantey tembokna wungkul. Hate
murungkut, ngarakacak. Kabayang, barudak keur arulin lalumpatan di buruan
atawa di jero imah.
Di kajauhan, katingal puluhan tenda. Nu ieu diliwat, sabab amplop moal
pimahieun.

Sababaraha meter di kencaeun jalan, ombak-leuwih gede batan di Pananjung,
nabeuh karep. Manggih kantor Dephub bagean kenavigasian nu rusak kaca
jeung tembokna sawareh. Aya tempat pelelangan ikan nu tihang betonna
miring. Aya grafiti dina tembok-pangeling-eling, Yon Zipur sabaraha,
Bandung. Sigana tempat eta diberesan ku tentara Zipur-saperti tempat
sejena.

Teu lila-atawa lumayan lila- rombongan KUSnet nepi ka lembur Logodor nu
jadi rada anggang ti basisir, sabab imah-imah nu deukeut basisir geus rata
kari urutna. Leumpang ke beh jero, ka tenda-tenda nu diriung ku imah
rusak. Aya Spanduk asana ti Dompet Duafa Republika, “Urang Logodor mah
Motekar Eueuy!”. Urang dinya mah pageuh. Teu pindah tempat. Nu mantuan
marasang kemah di dinya, di gigireun urut imahna. Cek kang Cucu,
kalolobana urang dieu pakasabanana buburuh jeung tukang nyadap, salian ti
jadi pamayang (basa Sunda pikeun nelayan).

Masjid mah teu rusak-saperti biasa, oge hiji dua imah beh jero. Tenda bin
kemah ngariung di dinya, bari pinuh ku spanduk ti mangrupa-mangrupa
lembaga atawa LSM. Aya kemah kagiatan pikeun barudak. Anak ceria. Kang
Cucu mendakan heula ketua RT di dinya. Teras nepangkeun kang Soni, kuring,
kang Yayan.

“Ieu aya baraya ti Bandung, bade silaturahmi bari nganteurkeun tanda
kadeudeuh ka urang dieu. Ageung mah henteu, ngan hoyong langsung, maksud
teh bari sakantenan hoyong pendak, silaturahmi.”

Pak RT satuju, terus aya ibu-ibu anom keneh, ngangge raksukan beureum
gura-giru ka masjid, bewara make speaker masjid. “Perhatosan, ka kepala
kulawarga atanapi wakilna disuhunkeun kempel di payuneun masjid, aya
baraya ti Bandung hoyong pendak bade silaturahmi. Mangga diantos.”

Tenda panampungan ngariung, jadi tereh kumpulna. Nu sarumping payuneun
masjid seuseurna ibu-ibu. Saatos ditepangkeun ku pa RT oge kang Cucu
Gumelar perkawis niat kuring saparakanca, nya acara pembagian amplop
simpay kanyaah urang KUSnet dikawitan. Nami-nami kepala kulawarga diabsen
tina speaker. Kang Soni nitah kuring nu mere amplop. Padahal asa alus
keneh ku kang Soni, da si eta mah jangkung jaba tegep.”Sok ku MJ, pan
ketua Yayasan.” Pokna.

Karek ge mikeun amplop ka tilu-opat urang bari sasadu “Hatur lumayan,
ibu,” terus sasalaman, si ibu atawa bapa nyarios, “hatur nuhun,” mata geus
teu kuat nahan piceurikeun. Cimata geus siap murudul. Rumasa boga hate
butut jeung karahaan. Hese rek dikuat-kuatkeun teh. Awak ge bet asa rek
ngarumpuyuk, hese ditegep-tegepkeun padahal can jadi aki-aki aing teh.
Ningal raray baraya urang nu keur katalangsara, komo pas melong panon orok
nu dipangku ibuna, cimata geus teu katahan. duh Gusti Nu Agung. Gura-giru
ngulangan kang Soni nu keur motoan, menta ngaganti kuring ngabagikeun
amplop. kuring nyalingker ka tukangeun masjid, bari tanggah, nahan cimata
sangkan teu jadi kaluar. Ya Alloh…mugia urang dieu dipasihan katabahan oge
dijait tina katunggaraan.

Enya, keur sakuringeun, tibatan kudu nyaksian katunggara batur mah, asa
mending kaalaman ku sorangan. Geus rada cenghar, ngadeukeutan deui
riungan. Kang Soni ngulangan. Nya gantian nu masihkeun amplop. Tapi teu
lila deui bae. Untung kang Soni surti. Diteruskeun dugi ka 65 KK. Beres
masrahkeun tanda kanyaah, kang Soni pidato sakedap, yen ari jumlahna mah
tangtos moal picekapeun, mung ieu mah tanda kanyaah baraya ti kumpulan
urang sunda. Kang Soni duka nyebat internet duga henteu. Boa urang dinya
mah teu arapaleun naon ari internet.

Saatos pamitan ka warga Logodor, balik leumpang deui ka tempat mobil
parkir. Jarak sakilometeran, sisi basisir, ngan aya opat jelema. Sepi.
Caket sasak nu rusak, mobil katembong keur cingogo. Kang Cucu ngawartosan
yen di kemah panampungan desa Masawah-payuneun kantor desa, aya limaan
anak yatim. Sepuhna pupus. Aya deui nu putrana pupus. Duaan. Nya ngadep ka
posko, nu mayunan kepala desana ku anjeun. Masihkeun amplop tujuh.

Nganteurkeun kang Cucu ka bumina, bari teras pamit oge nganuhunkeun tos
kersa nganteur. Mobil mulang ka arah Pangandaran. Geus sareupna. Daerah nu
rata di wewengkon Pangandaran diantarana lembur Pamugaran. Di Kertabumi
aya dua istri, pangungsi ti Pamugaran, bibina kang Yayan. Duanana bumina
seep, aranjeuna oge kasered cai ka darat. Di Pamugaran kaleresan pendak
sareng salah saurang ti dua istri eta di tenda. Rarayna katingal barared,
bales tibabaradug kana tangkal kalapa saurna. dipasihan amplop hiji. Hiji
deui nitip ka kang Yayan kanggo saurang deui di Kertabumi, nu ieu kantos
dicandak ka rumah sakit, tapi teu lami da teu aya kamajeungan. Saurna mah
dadana nembrag tangkal kalapa.
“Nyesa genep amplop. dikumahakeun?” ceu kuring ka kang Soni. Lanceuk kelas
keur di SMAN Ciamis. Ngan teu kungsi panggih. Da manehna lulus, kuring
karek abus.
“Bawa balik we heula. ke sugan aya nu nyumbang deui, urang hijikeun.”
Mobil nguriling di pantai Barat oge Pantai Timur. Sepi. hanjakal geus
peuting, teu pati atra. Wangunan nu rusak seueurna nu tina kai atawa
bilik. Wangunan tembok siga hotel oge nu caket laut mah rusak. Aya hiji
dua nu rusakna teu parah.

Mulang ka Kertabumi Bojong peuting deui bae. Malem minggu ieu mah, syukur,
ban mobil teu aya nu bitu. Ngendong deui di Ciparigi.

MINGGU 6 Agustus 2006
Pabeubeurang, kang Soni ngajak ka Gunung Susuru. Ieu teh situs purbakala.
Tempatna rada aneh, pasir leutik siga hurup Y, di kuriling ku walungan
Cileueur sareng Cimuntur. Di salah sahiji sisina, dua walungan eta tepung
jadi Cimuntur. Ke di sisi situs Karang Kamulyan, Cimuntur tepung jeung
Citanduy, jadi Citanduy. Di bagian sisi v, gawir pisan. Di tengah Y aya
gundukan taneuh nu dibalai ku batu. Ieu situsna. Oge aya batu demprak nu
dina plang, Batu Patapaan, paranti tapa.

Tengah poe, nyimpang ka bumi tempat Pabukon Simpay Katresna Kertabumi,
masihkeun tambihan koleksi-carita rakyat sareng buku-buku pertanian oge
sababahara buku sanesna-kalebet komik Pemburu Korupsi (pajak bukan palak)
pedalan KPK. Nu ngurusna pangsiunan kepala SD kang Soni.

hatur nuhun ka para wargi nu parantos ngintun transfer kencleng tsunami.
gambar2na ke nyusul, urang alitan heula

Sakitu nu kapihatur, hapunten upami panjang ngayayay-maklum rada novelis

Seksi ingkig,

mj

http://geocities.com/mangjamal



Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke