Bagea..parantos lami hoyong...ningal padungdeng...ayeuna meuni rame kieu ....nangtang ...dibales...ku serangan....dibales deui...nangkis serangan....euleuh sugan mah...haneuteun ieu tatar US. Resep..urang sarerea parantos saling ajar mangajar...tina topik saderhana tea dugi ka bade perang carios anu haneut...kunaon....biasa ari padungdeng anu watasanna lebar..nya kieu..aya anu ngomentaran pokok soalna nyaeta ngaroko sareng pro kontra na...aya anu ngomentaran cara nangtangna...eta provokasi mani nyebut teu make uteuk...tah ayeuna mah eta teh tos teu aya..parantos diralat janten "teu nguteuk"....ah ieu mah rada pas....genah...(bayangkeun mun asup ka Restoran Padang ; " Nasi bungkus satu, rendang... nggak pake otak").Ari nu nangtang mun tujuanna ngan asal aya padungdeng..tiasa wae...nganggo basa naon wae dina provokasina...kaasup kecapm "teu make otak" tea. Tapi utami hoyong ngajak balarea supados liren tina ngaroko..nya basa provokasina ..kedah digentos la....pake basa dan cara2 marketing....seduktiflah....Lamun henteu boa..anu bade liren ngaroko oge...ari disebat teu make otak mah...sigana ngelepus deui siga kareta api......... --- amin mina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mangkana tisambet ayeuna hayu urang eureun, eureun > meuli maksudnamah ....heu...heuu.... > > "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> > menulis: Sim kuring mah teu resep kana roko > da dituang oge pahang, > ditinyuh ku ci panas oge teu janten pikabitaeun, di > seungeut matak mabek > kamana-mana. > Tapi langkung teu resep na mah ka anu sok ngaroko > caket batur. > Teu punten, teu permios langsung pelenyun. Kadang > mah permios > tapi can calangap-calangap acan di waler tos > langsung diseungeut. > > Ari anu ngarokona teu wawuh mah sim kuring oge tara > acan nyarek. Naha ? > Matak ngaroko oge panginten teu patos paduli kana > kasehatan nyalira, > komo deui kana kasehatan batur, matakna sok nutupan > irung we ku sapu > tangan, mun terus dipareuman nya sukur ngan lolobana > mah sok diantos dugi ka > seep heula atawa nepi ka ampir kaduruk sareng > curuk-curukna nembe dipiceun > da lebar panginten. Padahal mah upami nyungkeun > digentosan mah ka sim > kuring tangtos ditedunan da sigana mah kabedag keneh > ari karek ngagentosan > sabatang mah, he.. he... > > Saur sim kuring mah getih teh pan jalur transportasi > ka otak, dina getih eta > tos kacampuran ku racun tina roko panginten loba > bahan anu dibutuhkeun > ku otak urang teu kacandak tungtungna otak oge teu > berpungsi maksimal. > Mun aya para wargi anu ngaroko tapi tetep pinter, > teu kabayang upami bari > teu ngaroko. Panginten upami ayeuna D3 ari ngaroko > panginten upami > teu ngaroko mah tos D7, nu S3 tos S9, he..he.. > > Saleres na mah ngaroko teh langkung ngabahayakeun > jiwa batan raga. > Tina ngaroko sok nyababkeun urang janten apatis, teu > patos paduli > kana kanyamanan batur. Teu dimana teu dimana mun tos > hoyong sok > pelenyun wae. > > Tips ka anu hoyong diajar ngojay di laut : (duka > posting ti saha, hilap > deui) > Ulah pisan resep ngaroko, sabab moal hurung ngaroko > bari ngojay, he..he.. > > Mung hiji pangaruh awon anu kabuktosan nu > dibalukarkeun ku ngaroko teh: > Tekanan Darah Tinggi. Buktosna pas disintreuk rada > tarik ku kang irpan > langsung nyareuneu. Majarkeun teh ieu salah sahiji > sipat US anu awon oge, > gancang tersinggung, leres kitu ? ;-) > > Hususon ka MJ supados langkung gaya ngaroko na > sakali minimal dua batang > nu hiji dina lambey nu sanes dina pangambung, komo > upami bari dibalikeun > seuneuna ti lebet mah, langkung gaya pisan geura > :-D. > Malahan mah tiasa lebet kana MURI. :-D :-P. > > Saur dalil ngaroko teh makruh, tiasa diuningakeun ka > sim kuring kumaha > eusina ? > Tiasa nganggo japri oge. Tos lami dipilarian teu > kapendak wae. > Sim kuring mah mendakan teh anu ngalarang tapi teu > hubungan langsung, > contona : > - Moal lebet surga jalmi anu tatanggina masih keneh > ngarasakeun kajahatan > tina > kalakuanna. > - ...Jeun tong maehan awak sorangan. (An Nisa : 29) > Pan ngaroko teh ngadoreksakeun awak sorangan anu > bisa musababkeun datang > panyakit anu bisa maehan awak sorangan. > > Tiasaan pisan kang Irfan mancing baraya US sadaya > ngaramekeun perkawis ieu, > janten seueur anu dibukakeun wawasan sareng > pikiranna. > Keun wae carana rada teuas oge, da kadang-kadang > urang mah sok kedah rada > dicepret heula supaya nerap teh. > Mung tangtos langkung sae upami ku cara anu anggun, > mung tangtos upami > carana > kitu mah nu mairan na oge moal seueur sapertos > ayeuna. > > Mangga teraskeun para wargi, > > pun Ari > > > > > > > Rampes! > > Amien Mina > "Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Di Bhuana" > http://amienem.multiply.com/ > > > > --------------------------------- > Apakah Anda Yahoo!? > Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

