Urang waler nya sakaterang kuring, bilih bade aya nu
ngalereskeun mangga !
--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
> Kang Emod, bade tumaros.
> 1. Satelit Geostasioner, naha aya umuran, misalna
> satelit palapa
> umurna mung 8 tahun(upami teu lepat). Naha ? Kunaon
> teu "stasioner"
> terus-terusan, atanapi teu ragrag ragrag ka laut;
> kunaon teu cicing we
> di awang-awang.
Kantenan we atuh satelit teh aya umuran, mahluk
damelan Alloh oge aya umuran !
Satelit tiasa dikontrol sareng dimonitor ti
dunya,kapungkur mah di Cibinong Bogor. Upami satelit
kaluar tina orbit anu tos ditangtoskeun,satelit tiasa
digeserkeun deui kana orbit asal,margi satelit
dipaparin alat sapertos roket kanggo ngalereskeun
posisi.
Kunaon teu "Stasiner" ?
Upami "stasioner",komunikasi pegat, margi satelitna
cicing ( henteu muter nuturkeun dunya,wewengkon anu
rek dihontalna muter ari satelit cicing ).Janten upami
"stasioner" satelitna kedah seueur pisan alias
reuteum.
Kunaon satelit teu rag-rag ?
Margi satelit tisa muter ( sapertos gasing atanapi
panggal ).Supados teu rag-rag,muterna satelit ngalawan
arah sareng muterna dunya.Upami diibaratkeun gasing
(satelit) sareng ball(dunya),bal muihna kakatuhu, maka
gasing muihna kedah ka kenca.
Upami satelit tos reksak,nya atuh satelit teh
dipiceun,nganggo roket pendorong tea,tempatna
ditempatan deui ku satelit enggal.Ngadorongna
(miceun)kedah kaluar (nebihan dunya) bilih murag ka
dunya. Tah janten di awang-awang teh seuer pisan
bangke (bugang) satelit, bilih bade di ical ka loak
mangga !
> 2. Osok disebutkeun yen bulan oge ka asup "satelit"
> bumi, naha bet teu
> katarik ku bumi, janten naon anu nyebabkeun "jarak"
> antawis bumi
> sareng bulang angger wae (naha enya angger?).
>
Bulan teu katarik ku bumi, sami sareng diluhur tadi.
Bumi muih, bulan ge muih. Perkawis jarakna mah kirang
paos.
Cag ah
Emod
CapRock Communications
[EMAIL PROTECTED]
www.caprock.com
_______________________________________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
http://beta.id.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/