Punten kang, Mairan sakedik...
Sim kuring sanes "sok tau", kaleresan sim kuring kantos sakola di
Fakultas Peternakan, sareng kantos ngabahas urusan "jagal Hayam".
Memang kang, pami ninggali ka pasar mah, hariwang pisan cara meuncit
hayam teh, saencan peh geus diasupkeun kana cai panas. mun anu
meuncitna, nya urang husdudzon weh, jigana mah maca Bismillah ngan
dinu hate. heheheh
Pami hayam anu di konsumsi ku urang di Mekdi atanapi Kentaki praid
ciken, eta mah gadu RPA (RUmah Pemotongan Ayam) nyalira, janten
hayamna teu nyandak ti pasar, sareng cara pemotongan ayamna di kontrol
teras ku MUI.
Hayam anu dikintun ka Mekdi teh asalna ti tasik, Taun kamari mah
perusahaan outsourcing peternakan teh dicepeng ku "Jabal Nur". duka
tah pami ayeuna mah. Pami teu lepat mah masih keneh ku "Jabal Nur'.

Tapina tetep lah, kuring mah resepan ngadahar karedok kacang panjang,
jeung asin sepat, jeung kupukuk aci, ulah poho sangu anu haneut keneh.
heuheuheu...
cag ah

-bohay-
ngacay hayang karedok







Pada tanggal 06/08/08, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
>
> Bisi bener ah piraku da pangeranteh nyiptakeun tutuwuhan pikeun kahirupan 
> mahluk hirup liana, ennya oge kudu milih anu saluyu jeung anu teu 
> ngakibatkeun jadi panyakit, da loba keneh kadaharan anu liana. Tah numut sim 
> kuring ari karedokmah asa teu nanaon raos wae anu aya gampil, mirah jeung 
> alah aya kunikmat. dari pada ngadahar KAHAKANAN anu aya di kota jeung di 
> kacaaan nya kuongkos marahal malah eta kadaharan bisa disebut KADAHARAN HARAM 
> coba tengetan lamun ka MEKDI ( sok tah nulisna kuring teu nyaho) Atawa 
> PrencCIKEN KUTUKI, mending Ketuk TILU, Eta Hayam paeh anu diolahna, anu 
> dijualna bisa disebut keun jadi Haram, lamun ningali tina Sareat ISLAM sok 
> taroskeun ka KIAI. Kuring pernah ngalanto jajanarian ka PASAR SIROYOM 
> maksudmah neangan lalap barijeung pirajeunan motoan kahirupan di Pasar 
> Ciroyom waktu janari WAH RAME PISAN, tah pelebah ningali meuncit Hayam Aduh 
> watir pisan, JAGAL anu meuncitanana amun dek mencit hayam leuwih tiheula 
> nyadiakeun Cai Panas pikeun meresihan eta hayam anu geus dipencit, terus 
> manehna NGEDEWEK kana Hayam anu jadi sasaran bari nyekel peso anu sagede 
> Curuk jigana teu BISMILAH ACAN komo bari jeung inget kanu ngersakeun/kanu 
> bogana eta nyawa hayam ngon JOSSSS weh eta peso kana beuheung hayam lung 
> HAYAM DIALUNGKEUN kana CAI Panas anu Jadi pamikir kuring eta hayam paehteh 
> lain dipencit tapi paehnateh dileob ku cai panas tah cik pamikiran baraya 
> kumaha ETA HAYAM ANU DI JUALAN DI MEKDI Haram teu?
>
> Jadi PANYAKIT ANU ANEH KANGKER ATAWA RUPA PANYAKIT ANYAR ANU MAHABU di 
> MAsyarakat (ongkoh deui panyakit masarakat ayeunamah) lain deuilah. bisa jadi 
> tina balukarna Kadaharan anu haram.
>
> sakitu heulalah
>
> KK
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke