> kutan kitu nyah.. > ari nu awam mah kieu geuning...he..he...he... kuring oge awam dina urusan pertanian atawa widang nu ku irpan ayeuna keur diteuleuman di ipb.
> ngan kieu mang J. > babaturan kuring, hirup di tempat kost. nya kitu sesuai jeung > kabutuhan. desain interiorna modern, pleus barang-barang modern. keur mah budakna konsumtif deuih. tapi tetep we katarajang tipes, mun teu kitu liver. eta mah mirip jeung nagara urang nu cenah gemah ripah loba kakayaan alam, tapi rahayatna sangsara. haha. > memang loba faktor anu mangaruhan kondisi jelema. > > tapi kumaha lamun faktor anu loba eta teh, hiji-hiji dibebenah, > dibenerkeun. enya, pan si babaturan eta ge meureun, ari ngabebenah kamer kosna mah enggeus, ngan cara dahar atawa panyakit can dibebenah. haha. > Salah sahijina masalah tempat tinggal. > Yakin lah arsitek mah tangtu saeutik gede nyaho kana elmu Feng Shui. (di sunda aya teu nya elmu saperti Feng Shui ?) lain. urang ngadongeng, aya msiswa (cina) nyieun proyek di sakola make feng-shui. dicaram ku dosenna. ku kuring disampeurkeun, di sakola mah maneh ulah nyebut2 feng-shui, tapi kudu make penjelasan logika atawa nalar/reason. ceuk msiswa ipb -nu nyambi jadi jurkam anti roko mah, nalar bin logika teh uteuk tea. haha. feng-shui siga pamali. ku sabab ari di sakola desain mah cenah mekarkeun kamampu nalar atawa logika/reason jeung ngasah kamampu ngarasa keendahan/estetik, kiwari sagala rupa teu cukup dibejakeun cukup ku pamali atawa nyebut feng-shui, tapi alesana nu make akal sehat nu kudu diguar. teu pira da, cukup ku asup akal. kaharti. memang sagala rupa oge patali atawa aya hubunganana. tapi sangkan jentre atawa atra, wayahna, sagala teh kudu make nalar/logika atawa akal sehat. > Jadi leuwih hade siganamah, lamun tempat cicing urang teh, harmonis tina sagala segi, boh arsitekturna, boh Feng Shui na. cek cenah, arsitektur teh mangrupa wadah hasil sagala ketak jelema, pangaweruh (kaasup teknologi, pangalaman, ngimpina, idealitasna, jeung sajabana, pikeun tempatna hirup. jadi, kuduna, hiji imah dijieun teh geus mangrupa hasil pamikiran ti sagala segina, tapi nya ari prak2nana mah sok ditipu atawa diatur ku sakadang duit nu kawasa atawa kadang2 diatur ku kahayang nu boga proyek/duit nu ngarasa nyaho atawa ngarti. nu sederhana, alam biasana dijadikeun patokan. nyieun imah, biasana panonpoe isuk2 dipalih mana. kamer sare, tunda di bagean nu keuna ku panonpoe isuk2, sabab cek si cenah-logikana, cahaya panonpoe isuk2, bisa maehan bakteri dina kasur atawa kamer, jst. tapi kanyataan mah pan teu sadaya bumi kamerna palih wetan. jadi memeh nyieun imah, kudu apal heula arah angin, iklim -komo di nu opat iklimna mah, jeung sajabana, nu karitu salah sahiji elmuning wangunan modern. tapi prak2anana mah, dimana aya jalan, ka dinya imah nyanghareup. hehe. tukang cenah mj Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

