Ayana komodo mimiti dilaporkeun ku urang Éropah taun 1910, nu salajengna sumebar ka sakuliah dunya, sahingga ngirut Peter Ouwens, pupuhu Musium Zoologi Bogor, Jawa Kulon, medalkeun makalahna taun 1912. Taun 1980, Taman Nasional Komodo diresmikeun pikeun miara populasina.
Kadaharan
Komodo mah karnivora. Najan mimindengna mah dahar bangké, hasil panalungtikan nunjukkeun yén komodo ogé sok moro mangsana, migunakeun kabisa lumpatna nu bisa nepi ka 20 km/h. Najan teu dianggap sato peurahan, huntu (baham) komodo téh sok pinuh ku rupa-rupa baktéri. Sakali digégél, najan bisa ngejat gé mangsana moal bisa manggapulia, sabab bakal katarajang inféksi nepi ka paéhna dina jangka ukur saminggu. Komodona mah kari nuturkeun tapakna (bau bangkéna).
Mangsa komodo téh rupa-rupa, di antarana bagong, embé, uncal, jeung munding. Di alam liarna mah malah komodo téh boga watek kanibal. Manusa ogé kalaporkeun aya nu kungsi jadi korban komodo.
Komodo nu leutik kénéh boga cakar nu bisa dipaké pikeun naék tangkal, tapi mun geus kolot mah ukur dipaké salaku pakarang.
Populasi
Komodo kaasup spésiés nu kaancam punah, sarta kadaptar dina Daptar Beureum IUCN. Kiwari aya kira 6.000 komodo nu hirup, di antarana di pulo Komodo ( 1.700), Rincah (1.300), Gili Motang (100), jeung Florés (kira 2.000).
Baranahan
Usum jalangan komodo lumangsung antara bulan Méi jeung Agustus, disusul ku endogan bulan Séptémber. Komodo bikang neundeun endogna dina taneuh atawa pasésaan kai. Sakali ngendog téh rata-rata 20-an, nu disileungleuman salila 7 bulan. Sanggeus megar, anak komodo lolobana hirup dina tatangkalan pikeun nyingkahan pamangga. Komodo nincak sawawa dina umur 5 taunan, panjangna kira 2 m, nu bisa hirup nepi ka 30 taunan.
Panalungtikan DNA
Sababaraha waktu ka tukang, panalungtikan migunakeun analisis DNA jeung téhnik lianna di Universitas Melbourne nunjukkeun yén horéng komodo téh peurahan (atawa boga gén nu ngahasilkeun peurah) sarta kaasup Toxicofera. Hasil ieu penting pikeun anggapan tradisional ngeunaan évolusi Squamata, sabab bukti DNA nunjukkeun yén kadal jeung oray modéren téh tepung dina karuhun 200 taun ka tukang.
Média
Vidéo Varanus komodoensis di Karajaan Sato Disney
* Varanus komodoensis #1 (iber koropak)
* Varanus komodoensis #2 (iber koropak)
* Varanus komodoensis #3 (iber koropak)
* Teu bisa nempo vidéona? Baca pitulung média.
Baca ogé
* Megalania prisca (kadal Varanid raksasa nu geus lastari)
* Naga Éropah (naga mitos)
Rujukan jeung tumbu kaluar
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca Varanus komodoensis
* World Conservation Monitoring Centre (1996). Varanus komodoensis. 2006 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ti 11 May 2006. Listed as Vulnerable (VU B1+2cde v2.3)
* The Komodo Dragon by Claudio Ciofi, Scientific American (March 1999)
* Woodland Park Zoo
* Komodo Dragon Central web directory
* Discovery of venom in monitor lizards
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Komodo "
Kategori: Sato | Alam liar Asia | Fauna Indonésia
--
sikandar
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

