Upami teu lepat, bahasa ustad-na teh anu disebat fasik tea
panginten nya.
Urang teh sering “menganiaya diri sendiri”.
Tos terang roko teh awon kana kasehatan …
Tos terang roko teh nyiksa batur (ngaganggu kasehatan batur)
…
Tos terang roko teh teu patos “urgent” upami
dibandingkeun beas, SPP budak, zakat ka fakir miskin …
Tos terang sabagian artos tona roko the lumpat ka Israel
…
Tos terang …
Tos terang …
Naha atuh???
Nuhun ka sadayana,
MIR
======================================================
Posted by:
"Asep Salmon" [EMAIL PROTECTED]
Wed Aug 9, 2006
1:11 am (PST)
Kang Runa......
Kuring ge eureun udud teh taun 2004 tapi kuring mah bulan Pebruari. Ari mimiti
udud mah taun 70-an, jadi lumayan 34 taun menikmati hidup jeung bako.
Kaahirnakeun roko kabeuki teh gudang garam surya 16 kadang-kadang marlboro
beureum atawa mentos.
Eureun udud teh estuning kapaksa pedah jantung mendet, jadi we dipasang stent
dua siki (stent teh siga selang spiral bahana logam, dipasang dina pembuluh
darah sangkan plak nu mendetana kateken kasisi-sisi pembuluh darah).
Mun teu salah inget, ceuk si dokter mah nikotin jeung ter (?) roko teh mun geus
asup kana awak teu bisa kapiceun deui siga ilaharna kadaharan, jadi ngaracunan
awak urang saumur-umur. Terus cenah dina kondisi tertentu (tegang,
temperamental) nikotin tina udud nu nyampur jeung getih teh bisa nyababkeun
pembuluh darah di jantung jadi kaku anu akhirna nyababkeun plak alias mendet
alias koroner, padahal cenah si pembuluh teh perlu lentur supaya teu aya
pengendapan protein jahat (LDL atawa LPa) jeung radikal bebas sejena anu aya
dina getih urang.
Sakapeung mun ningali nu udud teh sok kabita keneh, tapi kulantaran bisi
katerangan dokter jantung teh bener nya kapaksa we sikabita teh dikekesek
dialungkeun.
Ih naha jadi
ngacapruk kieu.......
Cag ah........
AS