Aya anu nyebat ngadahar peuteuy teh makruh..rada dicibir lamun dinu loba jelema....pura2 teubeuki..padahal..mun diimah mah...breg..tara nyesa. Ah ieu hoyong ngabayangkeun etah gejos peteuy sareng goreng lauk asin.
Gejos peutey. Peutey anu ageung sareng barareuneur sikina 3 papan. Potong dina cangkangna..sateukteuk per 3 mata. Unggal mata diodet ku peso sakedik supados aya hawa kana siki peuteuy. panaskeun minyak nepai ka ngebul, abruskeun peetey jeung cangkangna kana minyak , koreh2 3 detik. Tutup 1/2 menit nagkat. Wadahan dina piring. Lauk asin. Sepat siem ageung atanapi jambal roti. Kumbah lauk asin kucai tiis, larutkeun uyahna. Poe sa jam supados caina tuus. Abruskeun kana minyak panas, nepi ka 3/4 garing. wadahan dina piring. Lamaun lauk sepat kucuran cai jeruk purut. jambal roti mah teu kedah. Sambel. tarasi goreng sakedik, rebon sa sendok teh, bawang beureum , bawang bodas sacekapna, cengek 5 siki, cabe beureum 2 siki. rendos nepi ka lemes. Tumis eta sambel. Mun tos seungit wadahan dina piring ditengah2. kucuran ku cai jeruk purut. Didsi piring tambrukeun daun surawung anu seger keneh. Nah ayeuna mah mangga weh teraskeun.... __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

