Ngiring ngadu bako ah sareng Kang Waluya…..

 

1. Pribados sapamadegan yen anu alus mah teu ngaroko

 

2. Bako memang janten salah sawios sumber kahirupan patani.

Saur hukum ekonomi: "Ada permintaan, maka ada supply”

Upami teu aya anu peryogi bako, moal aya anu melak bako.

Upami teu melak bako, patani moal seepeun akal,

seueur keneh anu tiasa di pelak anu sami-sami ngahasilkeun artos.

Contona di kampung tatangga sim kuring, aya anu tiasa munggah haji tina melak cengek.

 

3. Leres yen cengkeh janten komoditas utama di sabagian daerah.

Tapi anu meryogikeun cengkeh henteu mung industri roko.

Cengkeh seeur oge diperyogikeun kanggo industri farmasi (kanggo obat)

Janten saupamina pabrik roko tutup, Insya Alloh kebon cengkeh tetep aya.

 

4. Perkawis efek sosial, memang leres seueur pangaruhna ekonomi kana kahirupan.

Tapi sumber ekonomi henteu ngan saukur tina industri roko.

Upami anu janten PSK sareng sajabina eta mah SANES KIRANG EKONOMI,

Saur Pa Miftah Farid, ETA MAH KIRANG IMAN.

Kumaha solusina?

Saur pribados: artos jatah ngaroko kempelkeun teras buka usaha baru.

Pan urang sadaya terang, yen potensi artos roko kacida ageungna.

Memang sesah ngempelkeun artos kanggo kasaean mah.

Tah eta … ari dianggo ngaroko mah mani gampil ngaluarkeun artos teh,

Ari dianggo nulungan batur mah hararese urang teh

 

5. Manghanjalkeun, naha ngaroko deui.

 

Hatur nuhun ka sadayana,

MIR

 

===========================================

Posted by: "waluya56" [EMAIL PROTECTED]   waluya56

 

Enya lah, rek ngaroko oge mangga, tapi nu alus mah teu ngaroko. Bako
dipelak ku para patani di urang, malah jadi sumber kahirupan. Patani di
Garut jeung Tanjungsari Sumedang unggal taun melak bako kitu deui di
daerah sejen. Di Madura jeung di Jawa Timur (daerah Tapal kuda), bako
mangrupakeun komoditas utama. Ku penting-pentingna bako, kungsi
kabejakeun di hiji desa di Madura aya carok, antara mantan lurah jeung
lurah nu keur jumeneng, rebutan lahan desa (tanah carik), kulantaran
lahan eta ngahasilkeun bako kualitas hade. Urang Sunda oge teu
tinggaleun nganggap penting bako, tepi ka aya istilah "ngadu bako". Cik
aya nu terang riwayatna timana istilah "ngadu bako"?

Bako diurang dicampur cengkeh, jadi roko keretek. Cengkeh oge keur
sabaggian daerah kaasup komoditas utama. Ku penting-pentingna cengkeh,
kungsi pamaretah ngaregulasi perdagangan cengkeh (BPPCna Tomi). Waktu
cengkeh murah akibat diregulasi ku pamarentah (baca : dimonopoli
Tommy), urang Minahasa ngajarerit. Kabeneran waktu eta, kuring ka
Minahasa jadi ningali pisan kumaha sangsarana urang Minahasa. Cengkeh
nu biasana 15-20 rewu perak, hargana jadi 2000 perak. Urang Minahasa nu
biasana lubak-libuk, ngadak-ngadak jadi salangsara. Efek sosial akibat
ieu gede pisan, salah sahijina tingkat kriminalitas naek, moral jadi
turun (loba nu ngadak-nagdak jadi PSK, da biasa hirup mewah).

Lamun ningali eta, ngaroko teh sabenerna mah ngahirupan patani bako
jeung cengkeh salian tinu boga pabrik roko, karyawan jeung padagang.

Bako jeung cengkeh, dilemna keur pamarentah, tapi oge dilemna keur
kuring......sabab, kungsi eureun ngaroko 2 taun leuwih, ayeuna jadi
ngaroko deui .....hehehehehe

Baktos,
WALUYA
(NU kungsi diseungseurikeun Ua Sas, pedah kuring ngaroko deui)

 

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke