Assalamu'alaikum wrwb
haturan baraya dimana wae ayana..
Dibujeng enggalna wae,
Kamari simkuring ngobrol sareng rerencangan bagean rekrut padamel di kantor, saurna kaping 14 Agustus kantor simkuring (sucofindo) bade ngayakeun panampian padamel enggal (upami teu aya wagelan Iklan Kompas sareng Pikiran rakyat dinten saptu atanapi minggu mangga tingali). Calon anu di pikahoyong nyaeta lulusan D3 sareng S1 jurusan teknik (bade teknik naon wae oge mangga asal ulah teknik korupsi he..he..)
Pelamar langsung sumping ka : cabang sucofindo di tiap daerah contohna bandung jl. sukarno hatta, Semarang jalan ahmad yani, surabaya jalan kalibutuh , jakarta kantor pusat jalan raya pasar minggu pancoran kav 34 ( di tiap propinsi aya cabang sucofindo)
Syarat lamarannana mah sami wae sapertos anu umumna wae, anu teu acan pangalaman oge di tampi sok komo deui anu ngagaduhan pangalaman langkung sae .
aya bocoran nembe saurna anu bade di tampi aya 169 jalmina, gajihna anu S1 kirang langkung 4 juta lumpsum, upami D3 2 juta lumpsum.
Kukituna bilih aya baraya anu ngagaduhan raina atanapi wargina anu teu acan didamel mangga di piwarang ngalamar wae.. gratis teu aya pungutan naon naon.
Baktos
tatan
Divisi HRD Sucofindo.![]()
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

