Bandera beureum-bodas, sanes wae dianggo ku nagara Majapahit, sigana dianggo ku nagara-nagara/bangsa-bangsa disakuliah Asia kapungkur.
Contona : Di Korea upami aya konstruksi jalan, jambatan, bumi, umbul-umbulna bandera beureum-bodas, oge kelenteng seueur nganggo umbul-umbul beureum-bodas.
Saprak aya KBRI di Korea, KBRI ngadesek ka Kamantrian Konstruksi Korea supados ngagentos eta bandera konstruksi, akhirna dina taun 1976an Kamantrian
Konstruksi ngaluarkeun instruksi kanggo ngagentos umbul-umbul konstruksi ku bandera beureum-koneng.
Ananging kitu, duka sosialisasina anu kirang, dina taun 80an awal masih keneh seueur anu nganggo bandera beureum-bodas dina lahan/tempat anu nuju konstruksi/kelenteng-kelenteng.
Ayeuna Alhamdulilah, tos teu katinggal deui.
 
ssw


Kiper PeRsIb ::." [EMAIL PROTECTED]
Ayeuna geus deukeut ka 17-an agustus biasana di tiap wewengkon sok masang bandera komo di tiap imah mah, cenah baheulana bandera ieu teh ngalambangkeun kasatauan wilayah bangsa Indonesia, jeung deui merah putih teh lambang kasucian jeung kawanian.
Tapi nu jadi patarosan teh naha geuning ieu lambang bereun bodas teh lambang ti MAJAPAHIT, jeung deui si kuring karek nyaho dua poe kamari , geuningan deui sukarno teh geus ngabobodo kuring cenah merah putih teh lambang nagara enya ,..lambang Nagara Majapahit .. heuheuy deudeuh...
http://id.wikipedia.org/wiki/Bendera_Indonesia
cag ach



http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke