teuing kunaon, kana lalajo tipi teh sikuring mah resep pisan, tinimbang asruk-asrukan ka moll asa mending gogoleran di hareupeun "kotak ajaib" ningali nia paramitha ngawakwak nyarekan laklak dasar ka reva s. temat.. (baheula) atawa ningali jaka tingkir hiber balap jeung mak lampir atawa ningali nana mirdad dibureuyeungan ku andrew white atawa warta cerena ulfa dewiyanti nu katilu kali. tah biasana keur ngahirupan tipi salian ti diwewelan listrik sok diparaban oge ku nu ngaranna iklan. aya hiji iklan "odol" nu narik ati (moal disebutkeun bisi kasebut milu iklan). ngagambarkeun hiji pertandingan tinju. ngan ieu mah lain jalma ngalawan jalma tapi huntu jeung huntu. huntu make kolor beureum ngalawan huntu make kolor bulao. di salah sahiji ronde dicaritakeun kumaha kalakuan licik huntu kolor beureum, diburuluan es batu, dibanjur cai ngagolak jrrd, komentator mere komentar kurang leuwih kieu: "oala si beureum curang!"... ronde eta beres, saperti biasa dua petinju diubaran ku doktorna naon nu bohak. huntu kolor bulao make odol nu diiklankeun nepi ka nu barohak kabeh lita deui sedeng si kolor beureum make merk sejen jeung bohakna angger teu kaubaran. teeenggg ronde saterusna dimimitian, teu dicaritakeun detilna mah, nepi si beureum ngajurahroh sanggeus di babuk si bulao ku permen loli, ti tukang. ahirna si bulao meunang!!
nu jadi masalah, iklan ieu asa jadi anti tesis ti iklan salah sahiji rokok nu "Jalan Pintas Dianggap Pantas", ari iklan rokok mah nyindir, sedeng nu odol mah muji!! nepi teu nya? -- ckkk cangkakak di leuweung injuk talina dihakan dibeuweung hitut jadina Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

