|
Udud teh cenah hak asasi, mun tea mah enya meureun
nyarek udud ka tukang udud teh kaasup ngalanggar. Paingan lamun
dicarek sok ngajaranghilek kawas nyarek budak anu keur anteng ulin
jeung cocooan kameumeutna, ngan henteu ari nepikeun ka lolongseran mah, kitu
peta teh da pangrasana hak asasi ieuh. Komo nyarekna teu jeung wiwaha mah,
nyarek kujalan ngajewang roko anu keur dipelenyunkeun tur dikekesek kana
tarangna, peta kitu sarua jeung ngendageun sayang enggang tur ngabaruang
sorangan. Najan sapanjang jalan dipajang tulisan ngajeblag "say no to udud" ari
can ararinsyap mah kana udud tetep we sing pelenyun. Enya cenah ngeunah tur
ni'mat udud teh matak hese dipapalerkeun ge, heueuh ngeunah soteh ceuk nu beuki,
da ari nu teu beuki mah tetep we pikasebeleun. Salian ti ni'mat pan ngarah gaya
cenah. Bener pisan baheula basa can usum hape, asa pangakangna lamun nu
dikeukeuweuk dina leungeun teh bungkus roko merek kasohor. Atuh asa leuwih gaya
lamun nu dikeukeuweuk teh lain sabungkus wae tapi saselop. Aya nu ngariung
langsung lung lung sabungkus sabungkus, padahal nu ngariung teh teu wawuh wawuh
acan.
Ieu mah lain ngabela kanu beuki udud, da enya
pisan atuh, udud teh mere pamor kanu ududna. Lamun nu diududna sabangsaning roko
nu aya mild mild-an perbawana kalem komo ditambah rasa menthol mah, keur kalem
teh kul deuih. Ngan kade lamun keur apel ulah mawa roko sambarangan, bisi manawa
ka diri sorangan, lantaran mun keur ngobrol, calon mitoha sok nyidikeun,
roko naon anu dibawa. Nya nu mahal ulah nu murah teuing ge ulah, sedang
sedang sajah we tapi boga pamor, lain kunanaon ieu mah inggis kubisi
mun mawa roko keretek bisi disangka supir beus, komo deui mawa cap
upet mah bisi disangka supir bajay. Heueuh pan kuring mah cenah teu
beuki udud, tapi apel hayang, nya kieu we atuh, ari teu mawa udud udud pisan mah
bisi majarkeun teu kabedag meuli udud udud acan, nya modalan we sabungkus mah,
golerkeun dina meja tong diudud atawa teu kudu mawa ududeun ngan waktu apel
dina dada gantungkeun tulisan "calon dokter"
Boh kanu udud atawa kanu teu udud, moal gurah
geureuh, komo gurah geureuh kanu sok udud bari make cara nu didadarkeun
diluhur mah, palalaur, palaur diseureud engang. Pek teh teuing nek udud nek
henteu oge,bebas, ngan henteu nepikeun ka nyebutkeun amaluna amalukum mah.
Ngan omat kanu sok arudud sing jadi tukang udud nu soleh, bisi can apal mah ciri
cirina kawas kieu; mun keur melenyun udud, heug aya kuring nyampeurkeun,
golosor saselop, cenah bisi kurang, yeuh sakalian mentahna,bari diseselkeun kana
pesak. Atuh kanu teu udud sing jadi ladang amal, mun aya nu ngelepus hareupeun,
doakeun we sing geura arinsyap tina udud, mun tetep we arudud, nya tawakal we.
Sanajan enya udud teh hukumna makruh najan sakumaha nyanduna moal ieuh
di-rahasiah illahi-keun, beda deui jeung nu nyandu judi dina carita ge pan
paehna kabentar gelap. Najan geus disilokakeun kitu tetep we nu judi
mah tetep rea.
Abong keur suasana tujuhbelasan, nu beuki udud
ge ngadadak boga semboyan anyar, sumanget udud opat lima tea, sekali udud
tetap udud, cadu mundur pantang ngahutang. Antukna nu teu beuki udud ngan ukur
bisa ngagereneng bari satengah nyungkun "tong saudud ududna mun lain
ududeunana, sesama tukang udud mah dilarang saling meng-udud euy" Piss
ah!
syam ridwan
pangamat perududan ti ikatan bau belenok
sabojong kenyot
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
__,_._,___ |
- [Urang Sunda] Say no to udud sr
- Re: [Urang Sunda] Say no to udud Kang Ule

