Hatur nuhun kapara wargi anu parantos kersa mairan/nambihan daftar seni-seni sunda anu parantos langka malih tiasa disebat ngantosan punahna.
Salajengna, obrolan urang teraskeun, supados ulah keuna ku paripaos, catur tanpa bukur, carita taya buahna.....
Dina raraga ngeusi acara kanggo HBH anu bade dongkap, anu satadina bade dieusi ku pasanggiri "ngarang sareng nembang pupuh", kualatan kirangna sukarelawan anu kersa janten sekretariat kanggo ngadaftar pamilon (peryogi kuninga dugika danget ieu sukarelawan anu parantos ngadaftar mung aya 3~4 jalmi). Kuayana kakirangan sukarelawan, pasanggiri "ngarang sareng nembang pupuh" digentos ku acara ;
"Ngaleler Hadiah + Panghargaan ka para Seniman/seniwati Sunda", seni-seni Sunda anu tos langka (sapertos anu tos dipedar ku cep Nanang).
Rarancangna mah dua jalmi seniman/wati seni Sunda langka, sareng saurang kuncen anu ngajagi situs sajarah. Ngahaja
anu bade dileler mung 3an, supados hadiahna rada mucekil.
Kukituna sakali deui nyuhunkeun bantosan ka para wargi sadaya, upami kaleresan kagungan, saderek, wargi, rerencangan, kenalan, batur salembur anu kaleresan gaduh padamelan (profesi) janten seniman/wati sareng kuncen sapertos anu kasebat diluhur, kersa ngalungkeun ka babakan, mangga ilo formulirna ;
Nami :
Padumukan :
Tempat sareng tanggal lahir :
Seni anu janten kaahlianana :
(khusus kuncen) : Situs anu dikuncenana :
Taun ngawitan janten seniman/wati/kuncen .......... :
(husus kuncen) Kantos/teu acan dileler hadiah/panghargaan
Iraha : ...... , kusaha : ......
Nampi gaji/honor atanapi henteu, upami nampi ti mana...??
Mangga diantos waleranana, upami tiasa daftar parantos ngempel sateu acan sasih siam anu bade dongkap, supados tiasa diseleksi saha anu bade dileler hadiah taun ieu.
Ieu mah salah sawios jalan dina raraga Kusnet ngiring mulasara budaya Sunda dialam nyata.
Pihatur,
ssw
oman abdurahman [EMAIL PROTECTED]
Haturan apih,Apa tos aya bukuna, seratan kang Ganjar Kurnnia (calon rektor Unpad tea) sareng Kang Arthur S. Nalan ti STSI, malah aya CD-na (CD seni ieu anu si kuring upami teu lepat nuju di tambut kua Ua Sas). Judulna: "Deskripsi Kesenian Jawa Barat". Ti payun Kang Ganjar ngalangkungan ieu milis nawisan ka anu hoyong gaduh eta buku + cd kasenian Sunda kantun ngontak ka Unpad (neng Siti atanapi teh Ane di Unpad tiasa ngabantosan). Tina daftar eusi eta buku, aya 34 jenis kelompok kasenian Sunda, ti mimiti seni musik, tari, drama/pertunjukan, wayang, jst. Tina anu 34 teh, langkung ti satengahna sigana kaasup tos langka. Geura wae sajabi anu ditataan ku apih:1. Burokan2. Bengberokan3. Kuda Renggong4. Surak Ibra5. Memeniran (Badawang)6. Goong Renteng7. Tarawangsa8. Terbang Buhun9. Gamelan Sakati10. Sintren12. Topeng Cirebon13. Wayang Cepak14. Wayang Kulit Indramayu15. Wayang Kulit Bekasi16. Topeng Banjet Karawang17. Uyeg18. Ronggeng Gunung19. Pantun SundaCekap sakitu wae. Nu sanesna mah kaetang masih mindeng kapintonkeun. Salengkepna, mangga tiasa nyuhunkeun eta buku + cd-na, haratis.baktos,manAR.

