Mang, mun di wewengkon Kuningan mah... ngajait teh hartosna salian ti nulungan, oge hartosna ngangkat. Conto kecapna nu rada écés mah kieu :
"Eta pakéan geura jaitan, bisi kahujanan...." Ceuk Ema ngagorowok. kituw.. -dul- --- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sateuacanna, punten si kuring seja ngoreksi heula kecap anu digunakeun dina > e-mail ieu anu penting kudu dikoreksi. Sabab bisi pabaliut. Kecap anu > dimaksud teh nyaeta "ngajait". Sigana, ieu kecap "ngajait" teh dimaksudkeun > pikeun pagawean anu lamun ceuk basa Indonesiana (BI) mah "menjahit" tea. Tah > kecap "menjahit" lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda (BS) kuduna "ngaput" > lain "ngajait". Sabab, kecap "ngajait" (BS) ngandung maksud atawa harti anu > geus tangtu, nyaeta: nulungan atawa nyalametkeun. Contona: "ngajait tina > balai", atawa "ngajait dulur tina kasusahanana", jst. Jadi, "ngajait baju" > upama teu surti (langsung paham) maksudna mah bisa dihartikeun kieu: > "nulungan baju" (jadi teu nyambung). > > Teh Mae, pamugi henteu kapok nyerat dina basa Sunda nya, koreksi eta mah > itung-itung katineung ti urang lembur ka dulur US anu tos lami aya di > lingkungan masyarakat anu teu ngagunakeun basa Sunda. > > Saterusna, ngeunaan pasoalan anu ditaroskeun, sababaraha usul atawa asupan > ti dulur-dulur anu tos aya sigana nyukupan, kari prak dilakonan. > Pasoalan bisa dibeberes kalawan menta tulung ka Depnaker, atawa, samemehna > ka aparat desa tempat inyana digawe heula. > > Sigana, keur pentaeun tulung mah loba pihak anu bisa dihubungan. Ngan, anu > haat nulungan mah tangtuna oge saeutik. Komo nulungananana nepi > ka sapuratina beres pasoalan mah. Kukituna, muga ieu padamel konveksi teh > ulah nepi ka putus asa. Upama teu matak ngabaruntakeun rumah tangga mah aya > hadena kaluar wae tina eta pagawean (sanggeus menta tulung kaditu kadieu teu > aya wae anu mantuan) sawatara waktu mah. Insya Alloh geura, hiji waktu, > anjeunna meunang deui pagawean anu teu matak sangsara siga ayeuna. > > baktosna, > manAR > On 8/12/06, Mae West <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Punten baraya sadayana abdi bade tumaros. Tadi aya ibu2 anu ngadoni > > sareng nyuhun keun bongbolongan ka abdi. Hanjakalna abdi ngan ukur milu > > welas. Saurna teh panangan anjeuna dua nana anu kiwa sareng anu katuhu teh > > paregel da eta encok tea, manawi anjeuna damel ngajait jaket sareng acuk di > > pabrik anu kagungan urang jerman. Damel teh kedah 14 jam sadinten ti > > satengah dalapan isuk dugi ka tabuh sapuluh wengi. Ari WC sareng kamar ibak > > di konci, dibuka oge kanggo wudlu sholat lohor wungkul. Heg pabrik teh tebih > > lebet kampung caket cisaat, nami na Ueroget atanapi Euroget, ari merek anu > > ditapel keun kana jaket mah Iguana. Nami Mandor na Wisnu sareng Sukma, > > telepon 0266-212-389. Bade tumaros teh kieu yeuh, kasaha eta komplain > > anatapi lapor. Hatur nuhun sateuacana. > > Mae > > > > > > ------------------------------ > > Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls<http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman1/*http://us.rd. yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com>to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less. > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

