ngiringan ah. kapungkur keur jamanna tim-tim jajak pendapat. aya hiji kapal pesiar asup katempat pidamelan abdi. da ceunah ieu erek dipake keur xanana gusmao tempat kulemna. Atuh eta rerencangan erembung nyepeng eta kapal. pagunteung jeung bos, erek gelut kawas carios kang ndoell pedah dititah embung, kaluar wae jadina. Jadi satuju lah kudu pinter-pinter jaman ayeuna didamel. kawas abdi ayeuna, digalangan kapal. keur butuh mah bos teh sura seri ka sim kuring. lamun keur gorengna kaluar dihareupeun kuring teh ngomong [EMAIL PROTECTED] wae . "habis manis, sepah diteleg" kumaha tah kang ndoell?
by ----- Original Message ----- From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, August 16, 2006 3:07 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Milarian padamelan --> Murukusunu > Digawe dihiji pausahaan PMA Korea, geus aya kana 10 taunna. > Salila eta, kuring teh asa dikekeyek pisan, diekploitasi. > Salian ti eta, apresiasinya kurang nyugemakeun. > istilahna mah, litel-litel tu mi, epriting tu mi, salari not ap-up. > Model-modelna jiga sendal capit geuning. Ongkoh dipake tapi ongkoh > di-ijek. Dipakena oge ari keur butuh wungkul, ari geus teu dipake > mah, dialungkeun we ka popojok. > > Sedengkeun, pagawean kuring teh ngurusanan tetek bengek. Ditungtut > kudu sagala bisa. ngaaaan hanjakal, tetekna keur juragan, ari > bengekna dibikeun keur kuring. hi hi hi > > Loba nu nanya mah, naha atuh geuning betah nepi ka 10 taun ? > Anu matak anu mawi, hulu botak katinggang awi. > Realistis we, nyiar pagawean jaman kiwari mah susah pisan, komo umur > geus rada kasorenakeun, katambah rumasa teu sakola luhur, jadi sok > laloang. Pernah oge di ITB, geus nepi tingkat 3, tapi turun deui ka > tingkat 1. Lain bodo, ngan pedah we adukanana seep, jadi kapaksa > turun deui nyokot dua ember deui mah. > (harita teh kungsi jadi buruh bangunan heu..heu..) > > Batur oge geuningan nu jaradi sarjana, ti mimiti S1 nepi ka S3, loba > nu palinter, garinding, gareulis tur karasep, tapi meni hese nyiar > pagawean anu matuh teh. Naha sabab ? Boa geus loba teuing sarjana, > sedengkeun lapangan pagawean teu nyukupan ? atawa loba teuing > pagawean nu teu saluyu jeung sistem pendidikan di urang ? > teuing ketang..... > > Ngan nu matak ngabenghul dina beuheung teh perlakuanana sok rada > kurang manusiawi ari urang Korea teh di kantor kuring mah. Teu > kaitung teu katugenahan anu karandapan salila kuring gawe teh. > > Pernah kuring dicarekan bari sirah kuring ditakolan. Atuh etamah > ngadak-ngadak, getih tina dampal suku naek nepi ka ubun-ubun, ampir- > ampiran eta si ontohod teh dibabuk korsih ku kuring, mun babaturan > teu rarikat ngarejeng kuring nu ngagerem jiga Buta nu nincak paku > payung. > > Matakna, > Peupeujeuh...kanu sarakola...sing junun sing palinter... > palinter nempatkeun diri dina sagala widang. > > Geus ah... > > > -dul- > > ieu postingan aya dina : > http://ndoell.multiply.com/journal/item/20 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

