Haturan ua.....tos lami henteu tepang sareng ua sas teh terahir tepang teh waktos HBH di puncaknya ua.......mani kabita ua eta buku mani seueur kitu ke ah irah-iraha bade ngahajakeun ka bumi sakantenan upami tiasa mah hoyong motokopi bukuna.
Ka bumi ua teh harita waktos taman bacaan nembe dibuka waktos aya kopdar sasih+taun sabarahanya ua hilap deui. ke ke....ua kenging henteu maca di taman bacaan ua sambil nyesep ? teras nyesepna sambil ngaleueut bajigur+bandrek hanjuang he he.....bajigur+bandrekna mah seueur diabdi he he...da dibogor janten bandar bajigur+bandrek.
Sakitu wae heula ua
baktos
@ERN
On 8/16/06, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya kitu pisan, kuduna mah boga cita-cita teh ngagajih batur, karasa ku kuring jadi pagawe salila 30 taun, ti ngungkueuk nepi ka ngungkuik, angger we, ceuk lagu gesekali staf, tetap stafselama hayat masih dikandung badanitulah hari staf kitaAyeuna geus pangsiun, geus jadi "ua iun", tapi sanggeus pangsiun mah aya onjoyna kuring jadi juragan buku, ngarangkep antara tukang sasapu jeung tukang tutunjuk, can bisa ari kudu ngagajih batur mah, pedah kuring boga kios buku di pasar Cihaurgeulis, hasilna "mucekil" atuh lamun buku teu payu bae lumayan bisa dibaca, da ngahaja meuli buku keur bacaeun mah mahal, ari ieu bisa maca tina buku konsinyasi, teu kudu mayar, ngan kudu apik sanggeus maca teh buku kudu di bungkus deui dirapih rapih, sangkan teu kaciri urut dibaca.Kuring wani nyebut rada onjoy teh lain bae bisa ngaku jadi juragan buku ( heueuh da ngajalankeun kios buku teh euweuh nu nitah, daek heug teu kajeun tea, pan kitu salah sahiji ciri juragan teh, he he ), tapi kuring ge jadi wawuh jeung komunitas tukang buku boh nu loakan boh nu kaitung gede, atuh teu kaliwat behna mah geuning loba barudak mahasiswa anu mandiri anu neangan biaya keur kuliah tina ladang balantik buku, jeung deuih jadi rada nyaho geuning dina dunya perbukuan ge aya "mafia"na, kitu deui bisa wawuh ka para kolektor buku.Pangalaman nyanghareupan kolektor buku, nu kalan-kalan sok kaluar tina panyangka, aya nu neangan komik taun 70an anu ejaan heubeul keneh, aya nu neangan husus komik wedalan Medan utamana mah pelukisna Taguan Hardjo, aya nu neangan peta kuno atawa iklan kuno, aya deui nu sagala buku heubeul dirampid, tapi inyana teh lain jalma jore-jore, aya nu lulusan S3 ti Amrik, aya pangsiunan BATAN, aya pengusaha, aya dokter, aya oge nu memang balantik barang antik.Untungna wawuh jeung kolektor teh bisa silih bejaan, atawa silih tukeur buku.Aya deui, idek liher dina perbukuan teh kuring kungsi nyungsi Aceh, pedah meunang pancen ti salah saurang anggota Kusnet nu di Inggris, Teh Lies Parish tea, pikeun nyayagikeun buku keur sumbangkeuneun ka barudak pahatu lalis di Aceh, nya ti tanggal 7 Agustus kamari kuring miang ka Aceh babarengan jeung Teh Lies, di Aceh meunang opat poe, nya sasieureun sabeunyeureun diditu ge kuring teh rada ngocoblak hareupeun barudak sangkan micinta buku, ceuk basa klise-na mah apan buku teh lawangna elmu maca teh koncina elmu.Aeh enya bilih baraya sadayana bade maca buku-buku Sunda, mangga diantos di rorompok sim kuring, dipayuneun rorompok teh aya plang "Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana", basa kaping 11 Agustus 06 kamari, aya kru TransTV ngaliput, saurna mah kanggo dina acara Good News, mung teu acan jelas pisan bade ditayangkeun kaping sabaraha, ke we upami tos aya iber diwartosan deui. Koleksi nu aya teu seueur nya ari kana 2.500 buku basa Sunda mah aya, atuh nu sanesna aya kana 1.500 buku mah, eta ge mun dietang ti anu kandel 1000 kaca dugi ka anu ipis, ti majalah dugi ka novel, kajian budaya dugi ka inohong, ti heureuy dugi ka kosmologi sunda, basa Walanda, Inggris, Indonesia mung teteap ngeunaan Sunda.Konsep Rumah Baca sim kuring benten sareng Taman Bacaan, di sim kuring mah haratis alias teu kedah mayar, mung kedah maca ditempat teu ditambutkeun, upami bade nyatet nya mangga we, macana aya bale baca sasaungan aalitan, upami bade aya nu nambut wayahna ku sim kuring dipeleng heula, mun ceuk kereteg hate pasihan nya dipasihan, upami sabalikna he he moal dipasihan.Barade maca buku Sunda yeuhhh...!!!.MSasmita
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

