Kang manAR, Hatur nuhun, resep lah ari ngobrol sareng Kang manAR sok munel seueur kekengingan. Raraosan mah nu katingal penting dina seratan teh nyaeta kecap "desentralisasi", ayeuna mah meureun janten Otonomi tea. Nu kumaha nu luyu jeung masyarakat urang ? Ayeuna mah tos ngawitan euyeub acuan sigana nya. Aya nu dumasar UU Otonomi, aya deui nu panganyarna UU Pemerintahan Aceh (UUPA). Nu mana nu loyog ka urang ? Kumaha upama aya dulur urang nu ahli dina widang pamarentahan, ngaguar UUPA terus milihan mana nu kira-kira merenah dipake di urang. Pan ti mimiti Sabang nepi ka Merauke teh aya dina guha garba ibu pertiwi, Negara Kesatuan Republik Indonesia, UUna ge sawadina henteu tojaiyah antar hiji propinsi jeung propinsi sejenna. Mangga nyanggakeun. dj
--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Mh, Ua Djatnika, oge baraya sadaya, > > Leres, pangajaran sajarah jaman ayeuna lolobana ukur > apal-apalan tanggal > jeung tempat anu dianggap "bersejarah". Arang guru > anu ngajarkeun sajarah > nyoko kana falsafah yen sajarah ibarat bagilirna > mangsa/usum anu > opat (panas, gugur, dingin, semi), sakumaha ceuk > Toynbe. > > Leuwih langka deui guru anu sapertos Ibu Pipih, > ngaguar sajarah nyoko kana > falsafah sajarah kabehdieunakeun ti Max I Dimont. > Yen sakumaha basajanna > hiji bangsa anu kungsi hadir (exist), komo masih > keneh aya dikieuna mah, > mibanda ajen-inajen pokok (budaya) kahirupanana. > Ajen inajen poko ieu > lamun luwes dina ngamaknaan ubuh-obahna > masyarakat/jaman dina konteks > sajarah, baris bisa diandelkeun pikeun ngahudangkeun > deui eta bangsa > nyangking kajayaanana pikeun sajajar - mun henteu > ngunggulan oge - > jeung bangsa-bangsa sejen. Sanajan Dimont teh urang > yahudi, tapi pangemutna > dina lebah falsafah sajarah ieu kacida manfaatna. > > Ua Djatnika oge baraya sadaya, > > Revitalisasi kabudayaan bisa digarap ngaliwatan > dunya internet. Jeung, si > kuring yakin, sabagean ti antarana, Insya Alloh, > ayeuna ngawitan aya > dulur-dulur urang anu nuju ngagarapanana sok sanajan > - bisa disebutkeun - > bari rerencepan atawa sakurang-kurangna gawe > voluntir (kalayan > teu nyapirakeun garapan-garapan sarupa anu > diluluguan ku Pamarentah). Pamugi > wae garapan-garapan dulur-dulur urang teh kalebet > kana panaratas budaya > literal ngamanfaatkeun kamajuan IT, neraskeun > garapan-garapan entragan > sateuacanna anu diluluguan ku Kang Ajip Rosidi. > > Pikeun neruskeun padungdengan jejer "kasadaran > sajarah jeung budaya literal" > ieu, aya saena urang ngadamel jejer khusus. Upamana > wae eta jejer engkena > ngaguar prak-prakanana revitalisasi budaya (anu > numutkeun Kang Chaedar Al > Wasilah ti UPI Bandung, aya 3 lengkah). Saterusna, > ngalangkungan ramat > lancah, hasil-hasilna ti ngawitan pamahaman anu jero > kana sajarah dugi ka > nuwuhkeun kasadaran, perencanaan sosial (kalebet > usaha-usaha nyalabarkeun > hasil dina internet jeung gunem caturna) dugi ka > kreativitas budayana urang > wujudkeun boh di pakotaan atawa padesaan. Upamana > wae, tina kasadaran yen > urang perlu nuwuhkeun budaya baca diteruskeun kana > pabukon; tina > padungdengan "kabuyutan" laju dipraktekkeun dina > sosialisasi tata ruang DAS > Citarum Hulu ngalangkungan budaya (ngukuhkeun > kabuyutan Citarum); tina > kasadaran perluna dokumentasi, diamalkeun jadi > garapan digitalisasi > pustaka Sunda, jst. > > Ua Djatnika sareng baraya sadaya, > > Ngeunaan sajarah "Nagara Pasundan" (kalabet > falsafahna tea meureun), aya > hiji seratan anu sae yasana Kang Edi S. Ekajati alm > waktos anjeunna > dikukuhkeun salaku guru besar Unpad. dina orasi > ilmiah anjeunna anu > dijudulan: "Sunda, Nusantara, dan Indonesia". Ieu > buku ipis namung munel > nuju dicobi dialihkeun kana wangun digital (mung > kulantaran voluntir, nepi > ka ayeuna teu acan rengse wae, ke manawi saminggguan > deui). > > Mataholang guaran anjeunna ngeunaan "Nagara Pasunda" > netelakeun yen sabab > musabab ngadegna atawa mucunghulna ideu ngadegkeun > Nagara Pasunda teh teu > tiasa digeneralisir janten hiji perkara. Aya > sababaraha sabab, kaasup sabab > anu ku Ua sebatkeun yen aya sagolongan menak Sunda > anu ngarasa urang harita > can siap merdeka tur masih merlukeun iketan jeung > Walanda. Sabab sejenna, > diantaran: ka-teusugemaan ka Pamarentah puseur > Indonesia, kaperluan > pikeun ngajaga kahirupan ekonomi jeung sosial US > sorangan anu harita > kaluli-luli alatan kaayan nagara Indonesia anu > leuwih condong ngurusanan > politik tinimbang ekonomi, jst. Namung, anu > sakedahna > digurata-badagan kanyataan, yen US harita henteu > neungtreung dina kahayangna > ngadegkeun Nagara Pasundan. > > Saba'da dielingan ku Pamarentah Pusat, ngaliwatan > sababaraha sawala, > pamustunganana para menak, gegeden, inohong jeung > rahayat Sunda sadar, yen > ideu ngadegkeun nagara Pasundan teh teu kudu > diteruskeun. Kitu manawi anu > kacangking tina seratanana Kang Edi alm. Langkung > tegesna mah Insya Alloh > engke tiasa diaos dina bukuna anu ayeuna nuju > dialihformatkeun kana file > digital. > > Ua Djatnika sareng baraya sadaya, > > Pakait kana jejer sajarah ngadegna "Nagara Pasunda", > ti payun Kang Ganjar > kungsi nyabit-nyabit. Anjeunna kalintan nyimpen > perhatosan anu ageung kana > eta jejer dumeh aya hal-hal anu mataholangna mangsa > kiwari saleresna mah > nembongan deui, nyaeta mataholang masalah > desentralisasi vs > sentralisasi sistem pamarentahan. Kang Ganjar > nalatahan, meungpeung araya > keneh saksi-saksi sajarah kajadian Nagara Pasundan, > kudu aya sawatara US anu > nalungtik hal eta ku cara ngawawancara eta para > saksi sajarah, disagigireun > studi literatur sakumaha ilaharna. Manawi atuh Ua > tiasa nuturusan ieu > garapan anu sanes pagawean memeh mumuluk. Insya > Alloh abdi sareng ramat > lancah, boh di alam maya atanapi di darat, bade > neraskeun lajuninglakuna. > > Baktos, > manAR > > On 8/17/06, Djatnika <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Kang mh, ulah kaget upama mireng rendahna > kasadaran > > masyarakat urang kana sajarah, margi ampir henteu > aya > > nu ngajarkeun sajarah sakumaha kedahna. Mangga > geura > > emutan ti ngawitan SD keneh urang teh dikenalkeun > ka > > sajarah teh sina ngapalkeun kana taun kajadian. > Perang > > Diponegoro taun 1825 - 1830, serangan Sultan Agung > ka > > Batavia taun 1628, Malaka nyerah ka Portugis taun > 1511 > > jrrd. > > Nu matak kacida nganuhunkeun ka Ibu Pipih guru > sajarah > > di SMP X kapungkur nu nerangkeun sajarah sacara > > lengkep. Masih kacipta wakos anjeunna nerangkeun > ketak > > Darius, Kaisar Persia, nu ngaluruk Yunani. Ampir > > kasoran ku kuatna pasukan Sparta di Thermophilea, > tapi > > akhirna unggul lantaran aya nu hianat tega ngaguar > > rusiah jalan ka Thermophilea. Akhirna 300 urang > > Spartan, katut rajana, perlaya di medan laga. > > Lain ngan di urang wae nu teu ngahargaan sajarah. > > Tingali Hitler ge pan teu ngahargaan sajarah, > buktina > > sakitu jelas Napoleon kasoran di pangperangan teh > > sabada ngaranjah Rusia, naha atuh bet diturutan > > nyerang Rusia. Antukna Jerman kasoran. > > Eh kalah ngalantur. Mun balik deui ka sajarah Jawa > > Barat, manawi aya nu tiasa nerangkeun kunaon urang > > Sunda aya nu kersa ngadegkeun Nagara Pasundan ? > Aya nu > > kantos nerangkeun yen Nagara Pasundan ngadeg > lantaran > > diluluguan ku para amtenaar urang Sunda nu > nganggap > > urang can siap merdika sarta hayang tetep kuat > iketan > > jeung Nagri Walanda. Naha leres kitu ? > > Kang Oman, Ua Sas nyanggakeun, manawi kagungan > > catetanana. Hatur nuhun. > > > > --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Rendah, Kesadaran Akan Sejarah > > > > > > RENDAHNYA kesadaran masyarakat Jawa Barat > terhadap > === message truncated === __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

