Jaman taun geneppuluhan waktu koran Sipatahoenan medal
keneh, aya
carita nyambung nu kacida endahna.
Lalakon urang Cisayong,Tasik, di jaman
revolusi
kalawan aya flash back ka jaman "normal". Pinterna
Kang Wahyu
cumarita, nepi ka kacipta waasna daerah
Cisayong. Caritana kaasup kumplit,
aya carita jaman
budak ololeho, aya rumaja nu ngageder sumanget
ngalawan
walanda. Hanjakal harita caritana duka kumaha
jadi bantut, teu kungsi
kabaca sambunganana. Duka aya
duka henteu. Nu kungsi kabaca nepi palebah si
tokoh
rek milu hijrah ka Yogya bareng jeung Siliwangi.
Manawi aya nu
rajin ngumpulkeun, Ua Sas sugan kagungan
? Atanapi Kang Wahyu ku anjeun,
manawi kagungan naskah
aslina ?
Seja nambut kanggo dicopy, nuju
ngumpulkeun karya Kang
Wahyu sareng Kang Ayip. Tokoh-tokoh sastra Sunda
anu
taya bandinganana.
Hatur timpah nuhun. Jazakumulloh khaerun
katsiron.
__________________________________________________
Do
You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com