Nepangkeun parawargi....
Abdi teh sok sering ngadongeng ka barudak bari mepende. Tah kadang2 sok seepeun dongeng, da sakadang kuya jeung sakadang monyet anu marelak cau tos baroseneun, lutung kasarung, si leungli teu pati rame. Pun anak mah pangresep2na teh dongeng "Geber2 Hihid Aing, Hihid Aing kabuyutan". Duka tah judulna teh leres teu eta. Tapi abdi sok bingung ari ngadongeng eta tah, ma'lum pun anak teh satengahna mah sanes sunda pituin. Parawargi cik atuh wartosan kumaha nerjemahkeun"Aa, Aa, aya nu gagarayaman."
"Usap we nyai, meureun sireum." Oge manuk anu disada,"Cukrih!Cukrih! Diturih ku pucuk eurih!" Tah, unggal usik abdi kedah nerjemahkeun ka barudak nu tilu teh. Tapi lami2 cape, nya diterjemahkeun ku abdi teh, susuganan pantes. Kieu tah..."Kakak, kakak, ada yang membelit kaki.! Tepuk aja dik, semut kali! Palebah manuk nu disada,"Cuklang! Cuklang! Ditoreh pucuk ilalang!! Naa atuh ana gerrr teh barudak nu tunduh saleuseurian mani patingbrakatak! Komo abdi salaku nu ngadongeng meni akey2an.Tuda meni teu pararantes pisan eta terjemahan! Meni aya ku ningnang! Tah ti dinya tara ngadongeng deui eta da kalahka calalenghar deui kalah ngabahas we bari saleuseurian. Mamah! Bahasa Sunda itu lucu banget ya! Abdi nyenghel. Heueuh, mamah we teu bisaeun nyundakeun anu luwes! Cag ah parawargi, salam kenal kasadayana.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke