Dina PR ping 24/08/06, Saur Prof. Kusnaka (ketua LPM Unpad), karakter migran umumna langkung unggul tibatan pribumi, langkung rajin, apik, mandiri jrrd. Kumargi ngaraoskeun nuju aya di lembur batur, jauh ka dulur jauh ka baraya. Janten karakter mah sanes ditinggal tina suku, misalkan pribumi urang sunda kaelehkeun ku pendatang, sanes pedah suku sunda-na tapi pedah ari di lembur sorangan mah teu ka uji, ka ogo ku kaayaan, gampil kaditu kadieu, sagala aya. Akhirnamah ka geseh ku pendatang anu langkung rajin, langkung parigel. Cobi tinggal, urang sunda anu anu ngumbara di lembur batur, seueur anu sukses, contona di Lampung.
--- In [email protected], "Kang Ule" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > punten mairan sakedik.. > patarosan kang Irpan teh kedah diwaler ku kang Irpan nyalira, kang Irpan > Urang Sunda sanes? > Kang Irpan rumaos pangedulan teu? > aya dulur sakandung atawa pokokna anu katalian dulur anu awewena anu bisa > disebut pangeretan teu? > > meun ceuk kuring pribadi mah, masalah pangedulan, pangeretan, elehan jrrd > teh gumantung ka pribadina sewang sewangan, teu bisa nyebutkeun ti Suku ( > sanes cokor ieu mah nya? :p ) eta mah kieu.. siku nu ieu kitu.. > > Anu ka alaman ku kuring anu istilahna ngumbarana teu jauh ngan masih wilayah > Indo, kuring ayeuna netep di Kepulauan Riau, tah lolobana anu jadi karyawan > di perusahaan Swasta, Pemerintahan nepikeun ka usaha Wiraswasta, samodel > Bengkel, Furniture nepi ka Rumah makan.. jarang pisan urang Melayu, pasti > lolobana kaum pendatang? > > balik deui ka luhur, patarosan ti kang Irpan. Ceuk kuring deui mah.. kumaha > carana urang ngabuktikeun yen lalaki Sunda teu pamalesan eta wae heula. ku > conto urang sorangan batur bisa meunteun ohh.. geuningan teu kabeh urang > Sunda kitu.. > > punten ieu mah ceuk kuring wae anu asal ngacaprux dari pada teu ngacaprax > heuheuheuheu.. > > tos ahh.. rek ngopi heula.. > > Baktos, > Ule > > > On 8/23/06, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Kuring mah hariwang lamun konsep megapolitan jadi. > > (tapi teu jadi kan nya?) > > beu...geus tangtu, urang sunda na teh bakal ngalaman nasib siga urang > > betawi. > > kadeseh ku para pendatang. > > > > Keur mah geus jadi imej yen urang sunda teh : > > > > Lalakina pangedulan. > > Awewena pangeretan. > > > > Bener teu imej eta teh? > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

